Saembara Video Membaca Sajak Sunda di Facebook - Berhadiah Jutaan Rupiah



(Ciamis, Panjalu.Net) Studio Titik Dua yang dikelola oleh Sastrawan Godi Suwarna menggelar Lomba Membaca Sajak Sunda dalam bentuk video Berhadiah Jutaan Rupiah.

Caranya sangat mudah, yaitu melalui akun Facebook, yang kemudian videonya tinggal diposting di kolom Komentar Akun Facebook Godi Suwarna, KLIK SAJA TAUTAN INI.

Acara saembara membaca sajak Sunda di Facebook ini didukung oleh Déwan Pangaping Paguyuban Pasundan,  Mayjen TNI (Pur) DR. TB. Hasanuddin, yang mempunyai perhatian terhadap perkembangan budaya Sunda.

Acara ini diharapkan dapat menjaga semangat para seniman Sunda untuk tetap berkarya di  tengah wabah Covid-19 atau virus corona.

Siapapun dapat menjadi peserta lomba ini, dengan syarat memiliki akun Facebook sendiri, dipostingnya harus menggunakan akun sendiri, tidak dapat diwakilkan. Sajak yang dibaca adalah sajak yang disediakan oleh penyelenggara. Peserta dipersilahkan memilih salahsatu judul untuk dibaca.

Pada saat pembuatan video, lokasi syuting dibebaskan. Pengambilan gambar perlu diperhatikan. Kalau membaca persyaratannya, pengambilan gambar harus ada yang Full Shot, dalam arti dapat mengambil gambar tubuh secara lengkap. Tentu dapat dipadukan dengan close-up, medium close-up, mid shot, dan lain-lain. Intinya dalam persyaratan disebut harus kelihatan gambar tubuh secara lengkap.

Pada proses editing, video sajak tidak diperkenankan ditambah ilustrasi musik atau gambar animasi apapun. KLIK DISINI UNTUK MELIHAT PERSYARATAN YANG LEBIH DETIL DARI PENYELENGGARA.

Saémbara ini dibuka  hari Rabu, tanggal 15 April 2020, dan akan ditutup hari Kamis, 23 April 2020 jam: 24.00.

Hasil saémbara akan diumumkan hari Sabtu, 25 April 2020, jam 20.00. WIB.


Rincian Hadiah
Dewan Juri akan memilih 3 Juara dalam "Saémbara Vidéo Maca Sajak Sunda". Para juara akan mendapatkan hadiah uang dari Mayjén TNI (Pur) Tb. Hasanuddin. Hadiah akan ditransfer ke rekening bank para juara, dengan rincian sebagai berikut:

Juara 1: Rp 2 juta (hadiah uang akan ditransfer)
Juara 2: Rp 1,5 juta (hadiah akan ditransfer)
Juara 3: Rp  1 Juta (hadiah akan ditransfer)


Sajak-sajak Pilihan Untuk Peserta (Dapat memilih salahsatu judul saja)

RINGKANG ARANGGANG
Godi Suwarna


Jungjunan,
Aya bulan kumalangkang
Palebah genclang cisoca
Mèmèh ngeclak tina damis
Nyiram pepetètan simpè
Jungjunan,
Rènghap angin humarèwos
Ngedalkeun séwu kasono
Ka salira nu nyalingker
Sapengkereun langit mendung
Jungjunan,
Ti barang urang paanggang
Mung kantun halimun liwung
Nu nyarengan ieu ringkang
Kumareumbing muru jempling
Jungjunan,
Nu anggang teras ngalangkang
Hégak kebek ku katineung
Tapak lacak salira nyampak di dieu
Dina kalbu nu ngulawu

(Physical Distancing, 2020)


SERAT PANGEMAT
Godi Suwarna

Hujan deui pasosoré: Hujan poyan. Ruruhit pérak tingborélak mahat halimun. Bet kabaca ngaran anjeun nu ngempur di tungtung lembur. Ngarintahkeun katumbiri kana ati nu garing digarang beurang. Riwan kayas lalaunan mulas wanci. Nyorang sareupna nu warna-warni, barang layung ngahurungkeun pirang-pirang panineungan.
Anjeunna mah boa di mana, basa angin nyambuangkeun ringkang ti mangsa rumangsang. Méga-méga semu bungur ku kasono. Tapi ngan ukur tonggérét nu nyérését, dina gupay lalancip pucuk kalapa, sanggeus langit témbong geuneuk ku kamelang.
Jungjunan, tuluy hujan jeung halimun rék manjang ngarungrum peuting. Cileuncangna ngaléongkeun bugang bulan, malidkeun riwan sareupna. Nanging geuning imut anjeun kalah betah kumolébat lebah gebray kingkilaban, kumalangkang lebah kelét damar séwu.
Jungjunan,
Peuting ieu anjeun mah ka mana teuing, basa jempling beuki manting ngepung jajantung.

(2002)
       

SAJAK JANGJANG ANGIN
Godi Suwarna
Keur: Sandra Fiona Long

Bral, balayar niruk halimun ti hiji munara suar. Lagu anjeun gumalindeng satengahing laut wening. Ngangkleung-ngangkkeung panineungan. Terus nengah ngarambah umpalan bulan nu ngaléntab punduk ombak, ngagedurkeun kalimah jeung ungkarana dina kalbu nu ngabatu. Létah nu kungsi nyirara laun-laun aléwoh medar sagara.
Ka dieu, parat ka selat kuburan seuneu. Ngempur deui Rakata nu hudang tina jugangna. Lir jegir munara suar di hiji nagri bihari. Anjeun tuluy humariring ngageuingkeun kapal-kapal nu kapendem na sédong karang. Tinggulubur, jalengkar ka tungtung jagat. Nu mariang milang ludeung jeung keueungna.
Ngangkleung ti pulo ka pulo, sanggeus anjeun ngagayuh angin sagara. Samar-samar kasawang nu tingkuniang satukangeun genclang bagang. Boa mangpirang babatang nu dibedahkeun ku kawah ti dasar laut, sabada balai rongkah lain ngan sakadar béja, tapi nyampak dina lambak jeung golakna.
Ngarambah kelét balébat. Anteng nyawang nu gumebyar: gebur ombak nyumiratkeun ules anyar di basisir sinanglingan. Pulo nu ruménghap deui  sanggeus di huru sagara. Dalingding napas leuweungna ngalilirkeun panonpoé, sabada saulas imut jeung kolébat rambut anjeun rerencepan ngahibaran saamparan palabuan.

(Merak, 00)


STUDIO ARMAGÉDON
Godi Suwarna


Musik mangkat di Studio Armagédon: salaksa jét melesat ka awang-awang. Teu reureuh sora gumuruh ngendagkeun saban jajantung mirig sukma saréréa kumalayang nilar raga. Kari mangpirang rorongkong anu teu weléh halabhab tan kendat ngaregot wiski bari anteng ijigimbrang sanajan semu nyampoyong. Papasangan rorongkong pada rorongkong pakotrék tulang jeung tulang munggah hangit ambeu birahi diumbar. Beuki peuting, tulang-taléng beuki maceuh silih tabrak dipasieup sinar laser jumorélat ti saban liang kongkolak. Meuweuh musik jeung cakakak, Disk Jockey témbong nyanggéréng sabot cakar ngacak-ngacak salaksa piringan hitam. Bruy-bray lampu warna-warni dry ice-na ngemposkeun menyan jeung katémbong ti lalangit murudul kembang samboja. Beuki cepet rorongkong reujeung rorongkong maluter palelet-lelet. Tingkalayang tulang leungeun, tulang suku jeung tangkorék caroplok tina éngsélna tapi angger usak-usik marengan wirahma musik. Papasangan tulang leungeun reujeung tulang leungeun deui, tulang suku reujeung tulang suku deui, tangkorék reujeung tangkorék. Disk Jockey tarik nyakakak, bijil tanduk bijil buntut!

(1992)


SAJAK JAMPÈ NINYUH KOPI
Godi Suwarna

Ya, robusta
Si kopèa kanèpora
 Bus, ya abus, ya abus!
Car, cir, cur cikahuripan
Car, cir, cur cikahirupan
Cur, curulung ti ngelun-ngelun
Cer, cereleng cinyusu cihalimunan
Masing manjing ngiwing-ngiwing
Masing manjing maring cangkir
Ya, arabika
Asmana karel linaeus
Arabi, ya rab, ya rab!
Ci, sacici sing matak mahi
Cas cipanas, nu sakeprul malih warni
Wawangina sing maring puseuring ati
Rasa sajatining hirup lan huripna
Ringkang masing dumalingding
Raga awor reujeung sukma
Ya, robusta
Si kopèa kanèpora
Bus, ya abus, ya abus!
Cer, cai sapamanceran
Niban keprul maring jatining kurungan
Kopi aing lain kopi meunang nguyang
Kopi aing nu pinilih lain sakupa-kopina
Kopi aing palias kopining starbak
Kopi aing sajatining waduk careuh
Ya, arabika, ya rab, ya rab!
Ya, robusta, ya rob, ya rob!
Cur, cumurulung!
Cer, cumerelengl

(2018)



0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post