Asih Kembang Kamuning (Pop Sunda Romantis)



Asih Kembang Kamuning
Vocal: Seli Apriliani
Cipt: Dhipa Galuh Purba


Kamuning dipelak dina ati
Mapaés kasono ngagalura
Kembangna nyambuang
Seungit pisan
Kabita ku hoyong énggal metik

Pasini dibeungkeut dina ati
Kaasih nu pageuh hamo pegat
Duh...jungjunan
Geura paheutkeun cinta urang

Ref
Adegkeun wangunan cinta
Urang tihangan kanyaah
Adegkeun wangunan cinta
Urang tiungan kadeudeuh
Adegkeun wangunan cinta
Urang pindingan kahéman
Adegkeun wangunan cinta
Urang amparan satia

Éndah cinta urang
Seungit kembang kamuning
Éndah cinta urang
Seungit kembang kamuning


Ranggon Panyileukan, 1427 H


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post