Réa Kacaturkeun Nu Beunghar Alatan Nyegik: Babi Kajajadén, Naha Enya Nyata?



Catetan DHIPA GALUH PURBA


Jalma héngkér iman nu geus poékeun jalan geusan nyiar rejeki nu halal, aya kalana milih jalan sasab tur tigebrus kana kamusrikan. Ari rék disebut saukur mitos, da geuning réa kabéjakeun, kaasup di jaman modérn siga kiwari.

Dina karya sastra tug nepi ka sinétron jeung film, lalakon nu munjung mindeng pisan jadi bahan ulikan carita. Munjung ka siluman anu ngawujud sasatoan, saperti ka babi (nyegik), ka oray (ngipri), ka monyét (ngetek), jsté.

Geus pada apal yén jalma anu munjung téh bakal beunghar ngadadak. Kilang kitu, munjung ogé henteu babari, da puguh béjana kudu luas nyébakeun jalma anu pangdipikacinta, saperti pamajikan, anak, malah kolot sorangan.

Minangka conto, dina taun 2008, warga Panjalu kungsi geunjleung ku lantaran diiburkeun manggihan babi nu dianggap kajajadén. Écésna di Kampung Banjarwaru, Désa/ Kacamatan Panjalu, Ciamis.

Sababaraha urang paninggaran néwak éta babi nu diiburkeun kajajadén. Béja pabéja-béja, tug nepi ibur salembur éar sadésa. Antukna ngaleut ngabandaleut, muru ka blok Cibangkong, Banjarwaru pikeun mastikeun bungkeuleukan anu disebut babi kajajadén téa.

Lembur anu sasarina tiiseun téh ngadadak ramé, da puguh ti lembur tatangga, malah ti kota ogé daratang hayang ningali éta babi. Tukang dagang, angkutan padésaan, katut ojég ngadadak maréma. Ku riabna kandaraan anu ngajugjug ka Cibangkong, puguh baé aya sawatara pacabakan anyar, saperti jadi tukang parkir.

Ti terminal Panjalu ka blok Cibangkong, Banjarwaru, anggangna kira-kira 5 KM ka beulah kalér. Bisa dijugjug ku numpak mobil angkutan padésaan jurusan Cikolé, eureun di Kampung Simpar, hareupeun Masjid Jami Al-Hidayah, saterusna bisa naék ojég ka beulah wétan muru ka Banjarwaru. Tapi badarat ogé da henteu pati jauh, komo lamun mapay sisi situ Léngkong Panjalu mah, moal karasa capé leumpang ogé.

Naon sabenerna kaahéngan éta babi pangna dianggap babi kajajadén? Pikeun muguhkeunana, harita kuring ngajugjug ka Panjalu. Henteu hésé néangan tempatna ogé, cukup ku sakali nanyakeun, langsung pada nuduhkeun.

Anéhna, di jalan ka Cibangkong bet aya tulisan “Babi Sudah Tidak Ada”. Tapi keukeuh panasaran, lalampahan henteu pugag ku éta tulisan. Dina enyana ogé geus euweuh, kapan ari paninggaranna mah piraku milu euweuh. Maksud téh keun baé cukup ngobrol jeung paninggaran ogé.

Anjog ka blok Cibangkong, Banjarwaru, RT.02/05, dibagéakeun ku Iwan (37), salahsahiji paninggaran anu néwak babi ahéng téa.

"Tos teu aya babina ogé.." pokna Iwan.

"His, abdi mah sanés badé nganjang ka babi. Ngahaja kadieu badé nganjang ka akang wé. Perkara babi, da abdi mah sanés kabogohna ieuh," ceuk kuring bari gék diuk. Leungeun ngodok pésak, kusiwel udud jeung panékérna.

Dicabut udud téh sabatang, diseungeut. Serebung, serebung udud. "Mangga, Kang... dicobian rokona," pok téh bari ngagésérkeun udud. Iwan nyokot sabatang.

"Ti mana kitu Asép téh?" tanyana bari nyeungeut udud.

"Caket abdi mah ti Simpar, mung moal wawuh ka abdi mah, da sadidintenna ogé ngablu di kota," témbal téh.

"Ohhh, urang dieu geuning,"

"Sumuhun, Kang. Puguh ngahaja mulang ka lembur téh saking panasaran, sabab abdi kantos aya nu masihan buluh perindu sareng cimani gajah. Cenah mah upami buluh perindu disimpen dina lokét abdi, sabangsaning sato kajajadén téh sok kaciri jirimna aslina..." kitu ceuk kuring bari nyerebungkeun udud.

"Kutan?" manéhna masih semu cangcaya.

"Leres, Kang... matakna abdi ngahaja kadieu téh tadina mah hoyong mecakan. Abdi ngimpén éta babi téh istri geulis pisan,..." ceuk kuring deui

"Lamun leres éta istri geulis, badé dikumaha?"

"Kabeneran aya réréncangan namina Abu di Bandung. Hésé waé néangan kabogoh. Tah, rencana abdi mah rék dikawinkeun ka Abu..." témbal téh.

"Hayu atuh urang pecakan!" Kituna téh Kang Iwan bari langsung nangtung.

"Haaar... pan cenah babina tos teu aya?"

“Nyaéta kieu.... ngahaja ngadamel seratan ‘Babi Sudah Tidak Ada’, margi abdi rada paciweuh sareng kaweur mayunan nu badé ningali babi...” kitu ceuk Iwan bari teu loba nyarita deui miheulaan leumpang muru hiji  gang, bras ka kandang hayam, terus nunjuk ka lebah kandang babi anu nyongcay lebah juru kandang hayam.

“Saleresna aya kénéh babina mah, mangga wé uningaan...” kitu pokna.

Iwan geus sababaraha poé katempuhan kudu ngurus babi, kalayan rada ngarahuh mikiran parabna. Sabab, éta babi téh henteu daékeun diparaban sampeu sakumaha ilaharna babi. Lamun dibéré sampeu, kalah ditajongan.

Katuanganna, aéh... kahakananna nyaéta roti, susu, jeung kadaharan séjénna nu teu ilahar pikeun babi.

“Komo énjing-énjing mah kahoyongna téh sangu goréng jeung lauk...” ceuk Iwan bari nyéréngéh.




Ditilik tina dedeganna, éta babi henteu pati béda jeung babi séjénna, ngan mémang buluna siga rada lemes.  Siga, da teu wani nyabak. Gomplok deuih. Panonna cureuleuk. Pon kitu deui kukuna laléncop.

Anu rada ahéng mah sorana. Sapanjang nengetan éta babi, asa teu kadéngé sesegrok jeung ngaguik. Malah lamun diwawaas mah kalah siga sora nu humarurung atawa jejeritan.

Basa paadu teuteup jeung éta babi.... haduh paadu teuteup siga jeung mojang waé. Balaka wé, ujug-ujug tingpuringkak bulu punduk, bet asa geueuman. Komo deui basa rék motrét éta babi, kaméra ngadadak macét.

Piraku teuing kaméra ngadadak ruksak? Apan saméméhna ogé dipaké motrét, henteu aya karuksakan nanaon? Ah kamérana wé goréng meureun.

Terus dicobaan motrét objék séjén, teu sakara-kara geuningan, waras. Tapi pas dipaké motrét babi, kaméra bet macét deui baé. Cacak lamun teu réa batur, aya kamungkinan langsung mangprét.

Iwan ngadeukeutan kandang. Tuluy ngusapan tonggong babi bari nyarita, “Geulis... Mano... teu kénging kitu. Sok kedah kersa dipotrét, ngarah lebet kana koran. Sugan wé atuh kolot anjeun maca, ngarah aya nu méré roti jeung susu. Sok, dipoto nya...” kitu ceuk Iwan.

Hayang seuri palebah ngageroan “Mano”.  Mémang dina taun 2008 keur meujeuhna viral warta Manohara Odelia Pinot anu diperdaya ku urang Malaysia. Manohara, anu najan keur katalangsara, kageulisanna henteu ngurangan, tur asa pamohalan lamun taya lalaki daék ngusap cimatana. Tapi keun perkara Mano. Balik deui kana babi. Kagét kabina-bina basa babi téh bet unggeuk. Sumpah.

“Mangga badé motrét mah, cobian deui, Kang!” ceuk Iwan. Teu talangké deui, gap kana kaméra. Na atuh... jeprét, jeprét... jadi waras kaméra téh (hasilna tiasa diuningaan).

Naha ari saméméhna bet macét? Naha enya aya pangaruh ti babi? Atawa kabeneran wungkul kitu? Teu hayang mikiran perkara éta mah, da anu penting kaméra bisa dipaké motrét éta babi.

Dina kandang anu ukuranna kira-kira 1,5 X 1 M, katingali aya simbut lebah juru. Basa ditanyakeun ka Iwan, éta simbut téh ngahaja keur pakéeun babi. Sabab, dina hiji peuting, babi téh kadéngé jejeritan. Malah aya sababaraha urang anu jelas ngadéngé éta babi nyambat indungna, “Emaaa... emaaa...!” kitu sora babi téh.

Puguh baé matak muringkak bulu punduk. Iwan ogé henteu wanieun sosoranganan muru ka kandang babi. Barang ditingali, manahoréng éta babi téh keur ngahodhod tiriseun. “Dimana aya babi tiriseun? Biasana ogé babi mah guley dina kulah...” kitu ceuk Iwan, anu harita tuluy nyokot simbut.

Geus dibéré simbut mah babi téh jempling. Anu ahéngna, éta simbut dibebenah ku babi tug nepi ka ahirna éta babi ngaréngkol bari diharudum simbut.

Pangna disebut ahéng téh tangtu baé ku lantaran réngkak paripolahna bet siga jalma. Dedeganna, sorana, kahakananna, jauh tina kailaharan babi. Malah éta babi ogé kungsi dipariksa golongan darahna ku dokter héwan, kalayan hasilna éta babi mibanda golongan darah AB. Cenah  éta ogé. Teu yakin, lantaran teu ningali langsung atawa teu ngobrol langsung ka dokter nu mariksana.

Kungsi sababaraha poé kaliwat, aya tamu anu ngaku-ngaku yén manéhna bapana éta babi. Manéhna ménta éta babi, kalayan rék ditebus ku duit anu kaitung gedé. Tapi barang ditalungtik, manahoréng manéhna saukur aku-aku angga. Sabab tujuanna éta babi rék dijieun sirkus. Antukna ku Iwan henteu dipasrahkeun.



“Karunya atuda ari rék diajak maén sirkus mah. Abdi henteu kabita ku artos. Lamun niat mah ayeuna ogé tiasa baé dibisniskeun. Misalna dikarcis wé anu badé ningali babi téh. Tapi... alim lah, bilih kalah picarioseun,” kitu ceuk Iwan.

Harita, anu hayang ningali babi téh teu eureun-eureun, tapi henteu dikarcis. Paling ogé nyadiakeun kéncléng, anu hasilna dipaké meuli roti jeung susu keur maraban éta babi.

Kumaha jeung dimana kacerekna éta babi? Ceuk Iwan, harita téh mémang manéhna keur moro ka leuweung Cirando, Bahara. Moro babi jadi kalangenan Iwan saparakanca, minangka selingan tatanén. Sajabana ti Iwan, anu harita milu moro téh diantarana Wa Eno, Mang Omon, Atang, jeung Ewong.

Ilaharna moro babi, tangtu baé mawa anjing. Malah anjing téh mangrupa andelan paninggaran. Babi sok diudag ku anjing tug nepi ka kacerek. Tapi... anéh pisan... barang amprok jeung babi “kajajaden” mah, anjing téh taya hiji ogé anu daék ngudag. Malah teu daékeun ngagogog-gogog acan.

Lantaran anjing mah geus pararuguh teu bisa diandelkeun, antukna éta babi téh digiringkeun kana taheunan, tug nepi ka beunangna. Henteu katingali galak babina ogé, tur ahirna dibawa ka Cibangkong.

Ti barang ningali rupana ogé, Iwan saparakanca geus ngarasa hémeng. Komo deui sanggeus kanyahoan kahakanan katut réngkak paripolahna. Nya, teu lila ogé langsung ibur yén di Cibangkong aya babi kajajadén. “Ti pasantrén ogé kantos aya nu kadieu sarombongan, hoyong ingali ieu babi...” kitu ceuk Iwan.

Lamun diwawaas, mémang matak ngabirigidig. Apan sok aya kabéjakeun anu munjung ka babi téh bogaeun rompi husus pikeun ngarobah jirim jadi babi. Boa-boa, kurang tarapti nyimpen rompi, anu antukna dipaké ku anakna. Barang rap dipaké, langsung robah jadi babi, kalayan hésé dipulangkeun deui ka asal.

Aya ogé sabangsaning mitos, anu nuduhkeun cara mulangkeun deui jirim babi kajajadén. Nyaéta ku cara nyium sungut babi. Tapi teu pati kataji nyobaan, da geuleuh kabina-bina. Leuheung basa lamun sanggeusna dicium téh enyaan robah wujud jadi awéwé geulis tanding widadari tur ménta dikawin. Éta palebah ninggang di apes, barang dicium téh kalah nyogot, apan kalah picilakaeun.

Lamun dipatalikeun jeung mitos  mah mémang wajar upama babi kajajadén nyalametkeun diri ka Panjalu. Sabab, lamun dipatalikeun jeung sajarah Panjalu, bet asa nyambung ka tilu tokoh sadulur anu muhit tilu rupa élmu.




Kahiji, Ratu Permana Déwi di Panjalu, neuleuman élmu karahayuan atawa kasalametan. Kadua, Ponggang Rumangiang di Tatar Tampomas, anu neuleuman élmu kadugalan. Katilu, Bleg Tambleg Raja Gulingan di Mandirancan, anu muhit élmu kadunyaan.

Dina jaman ayeuna, réa jalma anu peunggas harepan patali jeung urusan kadunyaan. Ahirna néangan jalan séjén ku cara nyukcruk élmu titinggal Bleg Tambleg Raja Gulingan, anu weruh ngalap élmu kadunyaan.

Hanjakalna, saméméh nepi ka nu dituju, nyatana ka Bleg Tambleg, di satengahing lalampahan sok dicegat ku gogoda dedemit anu ngajangjikeun kabeungharan ku cara musrik, anu disebut munjung téa.

Cacak lamun sabar mah nyuprih pangaweruh siga Bleg Tambleg Raja Gulingan, sigana moal kudu muja bangsa siluman. Ku kituna, lamun geus kadesek, pasti néangan panglumpatan anu pisalameteun. Nya... Panjalu dianggap bisa jadi jalan kasalametan, lantaran luluhur Panjalu nu ngagem élmu karahayuan.

Pék tengetan ka wewengkon séjén. Tong boro manggih babi siga kitu. Cacak kakara nyurigakeun saeutik ogé, pasti tuluy diparaéhan. Malah biasana dipaéhan kalayan gangas, da nu munjung téh apan sarua jeung bangsat rongkah nu ngarangsadan harta banda masarakat.

Tapi ari beunangna di Panjalu mah, kabuktian... babi anu geus dianggap kajajadén ogé tetep dipiara, henteu ditandasa. Malah parabna ogé roti, susu, sangu sapuratina.

Tapi walohualam... kuring ogé teu bisa mastikeun lamun éta babi téh bener-bener kajajadén, kaasup henteu bisa ngajamin lamun éta babi bakal salamet, henteu diparaéhan. Nu jelas mah, éta babi mémang béda jeung ilaharna babi. Ari rék disebut babi piaraan, da beunangna ogé apan di leuweung geledegan. Jeung deui... asa langka nu ngahaja-haja miara babi, kalayan parabna disaruakeun jeung anak ménak...” kitu ceuk Ki Among.

"Jadi kumaha perkara buluh perindu téh?" tanyana.

"Nyaéta kakantun. Tara dicacandak atuda. Engké weé ngahajakeun deui kadieu..." pok téh bari amitan. Teu kaliwat ngeusian heula kéncléng, ngarah teu ditanya deui masalah buluh perindu jeung cimani gajah.***

Ranggon Panyileukan, 2008


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post