Lirik Kawih Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung - Karya Mang Koko dan Dedi Windiagiri



DI  LANGIT BANDUNG BULAN KEUR MAYUNG
Lagu        : Mang Koko
Rumpaka    : Dédi Windyagiri


Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu
Panto ati geus narutup
Mipindingan kawih asih
Anu halon tur halimpu

Geus paanggang geuning urang pajauh
Rék kasaha diri nyungkem nyaluuh
Nu disungsi geuning nu ditéangan
Duh ieung teu témbong-témbong
Geuning taya ngiberan

Di lalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung
Di lelemah lemah Bandung
Kapidangdung, kapidangdung
Diri ditundung



Lelemah Bandung nu sampulur
Ngajurung sukma melesat ka awang-awang
Ngajurung kalbu nyampiung ka uwung-uwung
Ngalayang ti mangsa ka mangsa
Ngawujud na panineungan
Dayeuh implengan
Sakapeung ngagelar dina haleuang hégar
Lir nu katambias dina laras-laras kawaas

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post