Lirik Tembang Cianjuran - Kapati-pati - Eros - Jangji Asih



SAJAK, DIBACAKEUN KU EUIS BALEBAT
Suklak sikluk dayeuh Bandung
Éstuning ngandung pangirut
Ngawujud dina dangding
Nataan kaayaan raray kota
Gunung-gunung, tutuwuhan, léngkob, pasir jeung sasakala
Teu weléh mapaésan kaéndahan kota
Kaasup kaéndahan rasa cinta


KAPATI-PATI
Lagu: Bakang Abubakar
Rumpaka: Wahyu Wibisana


Angsana Wastukancana
Kembangna konéng laleutik
Marayak di tengah jalan
Pangawuran Dayang Sumbi
Bray balébat salah wanci
Dina suku langit Bandung
Di buruan Gedong Papak
Hiliwir angin malati
Malatina keur nyeungitan Kota Kembang.



EROS
Sanggian: Ibu Saodah
Rumpaka: Wahyu Wibisana




Mahoni di Cipaganti
Tanjakan jalan ka Lémbang
Ngasona di Gegerkalong
Jauh kénéh ka Burangrang
Ari rét ka Manglayang
Aya gupay tinu jauh
Méga sutra lir salempay.



JANGJI ASIH
Sanggian: Apung Supena Wiratmadja



Dina mumunggang, eulis
Carita urang munggaran
Nyawang Bandung nu alum keur halimunan
Ngagalindeng eulis, lagu kamelang duaan
Jangji asih subaya silih bélaan


- Ukur impian keur urang duaan
   Bandung siga ngagupayan

Dina mumunggang, eulis
Haté taya nu marengan
Urang Bandung kacipta keur ngagupayan
Angin gunung eulis, ngaharéwos lalaunan
Ngabéjaan urang Bandung panganténan

- Ukur impian nu tanpa wekasan
   Jangji asih na lamunan.




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post