Lirik Kawih Bulan Bandung Panineungan - Karya Mang Koko dan Wahyu Wibisana



SAJAK, DIBACAKEUN KU EUIS BALEBAT

Lelemah Bandung nu sampulur
Ngajurung sukma melesat ka awang-awang
Ngajurung kalbu nyampiung ka uwung-uwung
Ngalayang ti mangsa ka mangsa
Ngawujud na panineungan
Dayeuh implengan
Sakapeung ngagelar dina haleuang hégar
Lir nu katambias dina laras-laras kawaas


BULAN BANDUNG PANINEUNGAN
Lagu        : Mang Koko
Rumpaka    : Wahyu Wibisana


Mun sareupna geus mimiti
Katémbong nyimbutan Bandung
Angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati, aduh

Mun karéta pangahirna
Geus anjog ka Kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung béntang mijah
Ngaleu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir, aduh

Haréwos peuting marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya eulis
Duh angger biru

Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum, nya eulis
Duh angger beureum

Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora ancad halon, pileuleuyan
Peuting cicing, kota jempling
Jerit hiji lagu
Kedaling kakeueung haté, deudeuh

Mun balébat gagatrina
Geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru Lémbang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu
Harepan tembong ngalangkang, aduh

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post