Lirik Kawih Hariring Bandung - Sanggian U. Suwarna



HARIRING BANDUNG
Sanggian: U. Suwarna


Hariring – hariring Bandung
haleuang – haleuang Bandung
ngagalindeng sora degung
mirig lagu degung panggung

Aduh Bandung
puseurna parahyangan
aduh Bandung
Bandung tempat kabudayaan

Kota kawarti pinuh wawangi
bangsa lian ogé mandang
Bandung nelah Kota Kembang

Nu kiwari Bandung nu ngandung sajarah
dayeuh anu katelah

Hariring yu pikaéling
haleuang yu pikamelang
ka para nonoman Sunda
kadé lali budayana.

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post