Sajak Sunda - Balébat Saliwang Luhureun Garahang


Sajak DHIPA GALUH PURBA

1
Gurat-gurat bodas di langit beulah wétan
Ngagutretkeun lalakon dina hiji mangsa
Kawas poé lebaran baheula
Basa anjeun ngusap embun-embunan
Apan kuring ceurik ménta pangampura
Saméméh sawah  di beulah Girang
Ngajanggélék jadi karaton anu ruhit

2
Kuring nyampaykeun harepan dina dada
Walagri ati ulah saukur dina ngimpi
Najan anjeun tetep anjeun
Apan wanci téh geus nyedek ka sareupna
Garahang bakal disimbutan wiati putih
Anu bakal disingkabkeun ku kuring
Geura papag ku haté anjeun, nyaan…

Tanjakan Simpar, 1421 Hijriyah 

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post