Dokumentasi - Ngabeungkat Tirta Kahuripan di Sumedang (2003)






Ku KI SADAGORI

SASARINA mah di wewengkon Awilega, desa Genteng, kacamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang, mungguh tiiseun, sok komo di sirah cai Cisitu éstu réhé comrék, arang jalma nu ngalanto ka ]ta patempatan. Tapi dina poé Senén, tanggal 20 Oktober 2003, éta lembur singkur téh ngadadak haneuteun.

Sapanjang jalan umbul-umbul rarentul, di tengah lembur ngadeg balandongan. Atuh jalan satapak ka sirah cai Cisitu diséngkéd. Lawang sakéténg-na dihias ku gapura, mungguh asri katinggalna. Aya naon atuh di Awilega téh? Yu urang barandungan laporan Ki Sadagori, anu ngaguar sakur kagiatan di Awilega.


*


TI rebun-rebun kénéh, urang Awilega geus maridang, tatamu boh ti dayeuh boh masarakat sabudeureunna nungtut daratang.  Dinas Tata Ruang Dan Pemukiman Propinsi Jawa Barat gawé bareng jeung Komunitas “sundanet.com”, ngayakeun acara ngahirupkeun deui kabuyutan, nu jejerna “Ngageuing urang sarerea sangkan miara lingkungan” Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (abad ka-16 M), kitu ceuk Benny Buldansyah, pupuhu sundanet.com.


Acara kakara dimimitian jam salapan isuk-isuk, kalayan dibuka ku pintonan  karesmen seni (prosesei seni) Ngabeungkat “Tirta Kahuripan", produksi Saung Angklung Ujo, pimpinan Taufik Hidayat Ujo, anu disutradaraan ku M. Nana Munajat Dahlan, guru SMKN 10 (SMKI) Bandung.

Demi sumber garapna diangkat tina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kandang Karesian”. Nurutkeun Hidayat Suryalaga, budayawan, eusining  naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu disusun dina abad ka-16 M nu dijadikeun titincakan garapan, kacida nincak sarta napak kana konsep kabuyutan nu jadi tatapakan gawé.

Geuning ajaran nu diwariskeun karuhun bihari masih luyu jeung kaayaan kiwari. Geura wé bandungan eusi nu aya dina eta naskah “Ini pakeun urang ngertakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan” Hartina: “Ieu jalan keur ngaharjakeun dunya kahirupan, beresih jalan, subur tatangkalan, cukup sandang, beresih pakarangan tukang, caang buruan,”  tuh pan sidik jeung tétéla yén nu ngaréngkol tina ajaran heubeul téh sajalan jeung ajaran agama katut budaya urang kiwari, nyaéta pikeun karaharjaan hirup manusa.


Pintonan Karesmén Ngabeungkat “Tirta Kahuripan” atawa mapag cai kahuripan katémbong ditata kalawan apik. Suasana dina adegan bubuka  ninggang dina kekecrék, asupna batara Léngsér dina adegan awal kaitung pas.

Sutradara atawa pangatur laku geus mampu méré gambaran ka nu lalajo yén dina hirup kumbuh téh kudu tata titi, tartibna ngajalanan pagawean digambarkeun ku Rajah bubuka. Suasana magis rajah beuki leuwih anteb ku ayana kamampuh nu merankeun Batara Léngsér dina ngarajah. Suasana ngadadak robah, basa arasupna barudak ka pakalangan; catrik Saung Angklung Ujo nu karéréanana kakara lima nepi ka dalapan taun, waktu ngaheureuyan Léngsér kacida ngondang pikaseurieun. Lucu, pikayungyuneun. Panongton marésem, malah aya nu seuri, ti mimiti  seuri konéng tug nepi ka ngagakgak.


Atmosfir pintonan tambah kuat, waktu  duabelas juru ibing ti SMKI  Bandung ngulinkeun kepet (kipas), konfigurasi kembang nu ngalambangkeun kasuburan kacida endahna.

Hiji torobosan di luar dugaan, nyaéta waktu juru ibing metakeun properti bandir, nu tatadina bandir polos, waktu ngawangun posisi janturan wayang, lawon nu nutup bandir dibuka. Bray, aksara sasaka. Puguh baé sacara spontan, nu lalajo éprak duiméh ngarasa sugema.



Puncakna adegan, waktu jampana nu eusina sasaka (prasasti), binih tutuwuhan, katut binih lauk asup ka pakalangan, diiiringkeun ku sarombongan pamaén aklung buncis ti tim kasenian Saung Angklung Ujo.

Sanajan konsép koréografi-na basajan, geus némbongkeun hiji kakuatan magis nu luar biasa, sarta sanggup némbongkeun mata holing eusining garapan”Nu jadi udagan Dinas Tata Ruang dan Pemukiman Propinsi Jawa Barat, nyaéta ngoméan lingkungan jeung Pakumbuhan kalayan maké tatapakan kaarifan lokal kacida merenahna,” kitu ceuk Thahir, Wakil Kepala Dinas Tata Ruang dan Pemukiman Propinsi Jawa Barat.


Karesmen tirta Kahuripan; koreografina di tata ogé Ku Mas Nana Munajat Dahlan,S.Sn, Karawitanna ditata ku tim Saung Angklung Ujo, Artistikna Ku Drs. Yuyus Suherman, Aji, Jeung Asep Safaat, Tata Panggungna Ku Reza Hidayat Suryalaga, Hadi Jeung Ponco, Narasi Ku Wida Safardi. Katémbong digarap kalawan daria jeung leubeut ku kamonésan. Pon kitu deui nu ngarojong éta garapan, boh Siswa SMKI, boh cantrik Saung Ujo geus sanggup némbongkeun kaparigelanana.


Ieu acara diluuhan ogé ku H. Numan Abdul hakim, Wakil Gubernur Jawa Barat, wakil Kepala Dinas Tata Ruang dan Pemukiman Propinsi Jawa Barat, Wakil Bupati Sumedang, jeung warga masyarakat katembong antusias pisan ku ayana ieu pintonan Ngabeungkat Tira Kahuripan.

Ieu acara lumangsung  ku ayana Program Sosialisasi  Penataan Ruang DAS  Citarum Hulu, dina raraga ngoméan jeung ngamumulé lingkungan, kalawan maké pendekatan agama jeung budaya. Sakumaha anu dikedalkeun ku Ir.Oman Abdurahman, MT, mémang ieu kagiatan geus dirarancang ti béh ditu mula.

Alhamdulillah meunang pangrojong nu hade ti Dinas Tarkim. Atuh dina emprona téh, henteu dapon kitu waé, tapi dumasar kana hasil panalungtikan. Nurutkrun hasil panalungtikan metoda jeung strategi anu kawilang pas. Dina ngamumulé jeung ngoméan lingkungan, nyaéta ngagunakeun pendekatan budaya, kujalan ngahirupkeun deui pakumbuhan lembaga adat.

Ngahirupkeun lembaga adat taya lian pikeun numuwuhkeun deui kacintaan kana Kabuyutan. Nu dimaksud kabuyutan, nyaéta lemah cai, alam jeung lingkungan hirup kumbuh. Salian ti éta, konsép dina miara lingkungan ogé ngagunakeun konsép Rawayan jati, jeung Ngertakeun Bumi Lamba. Ari nu dimaksud Rawayan Jati téh, nyaéta sasak atawa cukang lantaran nu ku urang kudu dilakonan ku urang sarerea.



Rawayan nu nyambugkeun entragan (generasi) saméméhna jeung entragan nu baris datang. Nu Katilu nyaéta Ngertakeun Bumi Lamba, nyaéta hiji konsép nu kaunggel dina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang karesian. Dina éta naskah nu disusun dina abad ka-16 ngécéskeun yén dina ngarahajakeun masarakat taya liana alam jeung lingkungan kudu dipira. Teu anéh dina acara puncak Kabuyutan, geus nyieun hiji kacindekan:

Cikeruh Ulah Rek Kiruh, Kuduna Canembrang Herang
Nya Ieu Sirah Cai Cisempur, Kudu Dirumat Sangkan Hirup Makmur
Didieu Tapak Sasaka, Sirah Walungan Jadi Pusaka
Lamun Hirup Hayang Nanjung, Piara Ieu Sirah Cikapundung
Ieu Sasaka Jadi Amanat, Sirah Cai Kudu Dirumat
Ciri Bakti ka Lemah Cai, Ku Miara Ieu Sirah Cai.



Dina program ieu, Benny Buldansyah   dipercaya ku dinas Tata Ruang dan Pemukiman Jawa Barat pikeun tim pelaksana “Sosialisasi Aplikasi Penataan Ruang DAS Citarum Hulu”.

Prosési karesmén Ngabeungkat Tirta Kahuripan téh udaganana ngahudang deui konsep ngertakeun bumi lamba, ku jalan ngahéjokeun (deui) gunung, leuweung, kota, jeung lingkungan hirup kumbuh, sangkan hirup jeung huripna.

Hal éta anu ngajurung ieu para seniman pikeun ngangkat rumpaka nu sering digalindengkeun ku rombongan tembang Sunda sangkakala Pajajaran, sarta éta rumpaka remen dipesék eusina ku Ir. H.Setia Hidayat, Kepala Dinas Tarkim Jabar.
Rumpaka Ka Hiji dina

Narangtang
Gununu-gunung di barubuh,
Tatangkalan di tuaran,
Cai Caah babanjiran,
Buana marudah motah.



Éta rumpaka méré gambaran ka urang saréréa, yén geuningan loba musibah alam téh, akibat ku tingkah polah urang-urang kénéh, nu lali kana kamurahan Gusti Nu Maha Suci. Dipaparin alam nu sakieu éndahna, der kalah dirarusak. Atuh alam nu tadina méré kawaluyaan jadi sabalikna.
Saperti ogé nu digambarkeun ku tembang:

Goyong 
“Sakapeungmah bawaning ku pusing
Sok neneda kanu Kawasa
Gunung gede jeung Pangrango
Geuwat geura arurug
Dayeuh abdi basmi sing leungit
Gegek rame ge cumah
Teu aneh, teu lucu
Da pinuh ku tukang cidra
Salamina tukang jalir tina janji
Sulaya tina subaya”


Éta rumpaka mangrupa hiji pépéling pikeun urang, yén tétéla alam ogé upama digunasika mah pinasti bakal murka. Ayeuna kaalaman pisan, loba nu korban akibat musibah banjir, longsor jeung héséna cai pikeun kahirupan. Tah ku ayana kitu, ngaliwatan Prosési Ngabuengkat Tirta Kahuripan, kayaan Lingkungan ulah di antep, kudu gancang dioméan.



Wakil Kepala Dinas tarkim dina sambutan acara puncak kabuyutan nétélakeun alesan pangna Sirah cai Cisitu dijadikeun tempat pikeun puncak acara, nyaéta sirah cai Cisitu mangrupa sirah cai nu masih kénéh némbongkeun  cinyusu ideal, boh ditilik tina debit atawa lingkungan alamna.

Cai nyusu nu aya di DAS Citarum Hulu, kacida réana. Malah nurutkeun hasil panalungtikan tim peneliti Cipta Restu, kurang leuwih 60 sirah cai anu kudu geuwat dirumat.  Satuluyna Thahir ngécéskeun  mun yén sakur sirah cai nu aya di sabudeureun urang, mangrupa sumber cai pikeun walungan Citarum.

Nyaéta walungan nu kawilang penting pikeun kahirupan masyarakat di Jawa Barat. Éta cai walungan lain baé keur kaperluan nginum, tapi ogé pikeun kabutuhan tatanén jeung tanaga listrik, lamun tutuwuhan di hulu cai dituaran, tiangtu dina usum halodo bakal tigerat cai, atuh dina usum rendeng atawa usum ngijih bakal dating bahaya banjir. Ku kituna urang wajib miara sirah cai katut lingkunganana.

Pikeun ngajaga jeung miara cinyusu nu aya di DAS Citarum Hulu, Dinas tata Ruang dan Pemukiman Jawa Barat, salahsahiji tarékahna ngali deui ajén inajén budaya Sunda, di antarana ngahirupkeun deui lembaga-lembaga adat “Jaga Tirta, anu pancénna  ngajaga atawa miara cai; Jaga Akidah, anu pancenna ngajaga ahlak, Jaga Krama anu pancénna ngajaga étika, Jaga Raksa anu pancénna ngajaga kaamanan, jeung Jaga Wana anu pancénna pikeun ngajaga leuweung”.

Anu jadi harepan ku ayana Jagabaya, sirah cai, jeung tutuwuhan bisa dipiara jeung dirumat, lingkungan aman, jeung masyarakatna mibanda akhlak nu hadé jeung salawasna  ngajaga étika kahirupan sapopoé.

Wakil Gubernur Jawa Barat  H. Numan Abdul Hakim, dina sambutanana nyebutkeun  aya tilu hal penting nu perlu dicatet dina ngoméan katut miara lingkungan, nyaéta Rawayan Jati-Silaturahim, Ngertakeun Bumi Lamba, Jeungan Kabuyutan.

Kahiji, Rawayan Jati, Nyaéta jambatan atawa “cukang lantaran” nyaéta cukang lantaran nu kudu ku urang dilakonan. Urang saréréa téh ‘rawayan’ atawa Cukang nu nyambungkeun generasi samemehna jeung generasi nu bakal datang.

Lian ti éta, urang téh cukang nu ngahubungkeun antara sumber daya alam, ka asup urang jeung bakti amal-amalan  urang nu ngadatangkeun rahmat keur kabéh alam. Rawayan Jati, nyaéta tradisi  nu geus diwariskeun ku karuhun dina bab silih asih jeung silih wawangi antara urang jeung urang. Ku ayana silih asih, urang bisa hirup jeung hurip-na.

Kadua  Ngertakeun Bumi lamba, nyaéta cecekelan dina ngajalankeun kahirupan yén pancén di dunya téh ngaraharjakeun kahirupan. Hal nu aya pakuat-pakait jeung karaharjaan hirup salian ti Ngertakeun Bumi Lamba, nu bisa dijadikeun cecekelan pikeun ngarahajakeun kahirupan, nyaéta tulisan dina Prasasti Kawali “Pakeun Heubeul Jaya di bhuana” Hartina Bakal Jaya  salawasna dina kahirupan, lamun urang salawasna nyieun kahadéan, boh ka sasama manusa atawa ka alam.

Anu Katilu, kabuyutan, nurutkeun para ahli sajarah Istilah Kabuyutan geus aya ti abad ka- 11 M (Prasasti Cibadak),  (Amanah Galunggung, 13 M; jeung Prasasti Kabantenan, 14 M).

Kabuyutan nurutkeun eusi dina prasasti, nyaéta alam jeung lingkunganna nu jadi sumber kahirupan jalma réa. Dina harti nu leuwih jembar, kabuyutan mibanda harti sarakan (Tanah air). Dina konteks  élmu lingkungan kiwari, kabuyutan ngabogaan harti sumber daya alam.

“Karuhun urang kacida miharepna sangkan ahli warisna ngajaga, ngariksa katut miara eusi kabuyutan, saperti nu kaunggel dina eusi Amanah Galunggung ti Prabu Darmasiksa, anu unina: “Leuwih Gede ajenna kulit lasun (musang) nu aya di carangka runtah ti batan putra raja nu teu sanggup ngajaga kabuyutan atawa nagrina”. Kitu patnutup biantara Wakil Gubernur Jabar téh.


Saréngséna biantara, Wakil Gubernur ngistrénan Jaga Wana, Jaga  Krama, Jaga Raksa, Jaga Akidah Jeung Jaga Tirta. Teu poho, Wakil Gubernur masihan amanat ka nu anyar dilantik, sangkan  urang saréréa ngaéstokeun konsép Rawayan Jati, Ngertakeun Bumi Lamba jeung Kabuyutan.

Alam moal ruksak sarta bakal méré kahirupan nu hadé mun urang bisa silaturahmi jeung alam. Wakil Gubernur katut para Jagabaya aub kana hélaran ngarak sasaka ka sirah cai Cisitu. Dina mangsa rombongan arak-arakan, para pajabat jeung anggota masyarakat laju ka sirah cai.

Aleutan jalma, lir oray nu ngaléor, mungguh matak waas jeung kelar. Hidayat Suryalaga, budayawan Sunda, katémbong ngeclakeun cisoca, kawasna mah ngarasa waas, kagagas pacampur jeung bungah. Nurutkeun pangakuanana, saumur dumelah kakara aya kajadian nu kawilang ngabogaan ajén nu diayakeun di hulu cai.

Mudah-mudahan ku ayana prosési Tirta Kahuripan, urang saréréa soson-soson miara katut ngoméan lingkungan. Acara prosési di hulu cai dimimitian melak tangkal, disambung melak sasaka, tuluy melak binih lauk Ku Wakil Gubernur. Puncakna Drs. Hidayat Suryalaga nawurkeun cai kahripan ka sirah cai Cisitu. Prosési Ngabeungkat éstu lumangsung kalawan mibanda ajén nu mandiri. Puguh baé, hal  ieu téh henteu leupas ku ayana pangdeueul ti masarakat Awi Lega.***











Dimuat dina Majalah Seni Budaya, Edisi Desember 2003

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post