Catetan DHIPA GALUH PURBA
Sababaraha menit saméméh dongéng Wa Képoh mimiti ngajomantara, radio geus diriung ku ampir sakabéh anggota kulawarga. Saregep tur daria, lir sieun aya kalimah Wa Képoh anu kaliwat. Ku kituna, volume radio ogé sasarina leuwih harus batan acara-acara séjén.
Sora Wa Képoh atawa Ua Képoh nganjang ka unggal imah nu mikaresep dongéng Sunda. Lain wungkul alatan mangsa harita tacan usum télévisi, da puguh acara radio séjénna ogé loba, tapi teu réa anu dipikalandep siga kana dongéng Sunda.
Éstuning dongéng Sunda mangsa harita, kira taun 1980-an, Wa Képoh dianggap Raja dongéng anu bisa ngalalakonkeun hiji carita kalayan tapis tur matak narik ati, ngaguluyur, genah kana cepil, sarta lalakonna anu teu weléh matak panasaran.
Wa Képoh, ngaran aslina mah Ahmad Sutisna, lahir 15 Januari 1951. Jadi juru dongéng (storytelling) mangrupa pilihanna anu diteuleuman kalayan daria.
Wa Képoh bisa ngedalkeun rupa-rupa karakter sora, luyu jeung tokoh anu dilalakonkeun. Mangkaning dina hiji lalakon dongéng téh, sok mintonkeun puluhan tokoh.
Tapi ku kaparigelan Wa Képoh, tokoh dongéng karasa pisan hirupna. Kakara ku sora déhémna, seurina, batukna, nu ngadéngékeun geus langsung wanoh ka éta tokoh.
Salahsahiji contona tokoh “Si Rawing”, lalakon dongéng Wa Képoh anu sanggup ngageunjleungkeun tatar Sunda. Wa Képoh suksés méré warna sora anu luyu jeung karaker Si Rawing.
Tokoh-tokoh jeung lalakon dongéng anu dipedar ku Wa Képoh, bisa ngajanggélék dina lalangit imajinasi nu ngabandungan.
Karasa, kaciri, kagambar, kabayangkeun, sanajan henteu bisa diragap. Éta kapunjulan Wa Képoh anu ngalantarankeun masarakat ngalélér pangajén kahormatan minangka Si Raja Dongéng.
Nu kabungbulengan ku dongéng Wa Képoh mangsa harita, leuwih-leuwih ti masarakat ayeuna anu kaédanan ku sinétron jeung télénovéla.
Nu mikalandep dongéng-dongéng Wa Képoh harita, teu kawatesan ku umur. Teu kolot, teu rumaja, teu berenyit, pada-pada mikalandep dongéng.
Éta dongéng Wa Képoh téh mindeng pisan jadi jejer wangkongan di sakolaan, di pasar, di buruan, jeung sajabana.
Janggélék Wa Képoh jadi sélébritis. Pausahaan nu nyeponsoran dongéng, rikat ngagelar rupaning acara nu patali jeung dongéng.
Diantarana ngayakeun roadshow ka saban wewengkon, ngadumaniskeun kamahéran ngadongéng Wa Képoh jeung para biduan. Saban Wa Képoh manggung, nu lalajo teu weléh tumplek, teu béda jeung nu lalajo konsér band jaman kiwari.
Sajabana ti mibanda tékad pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun budaya Sunda, tétéla Wa Képoh ogé ngamangpaatkeun dongéng minangka média da’wah Islam.
Aya sawatara tokoh protagonis dina dongéng Wa Képoh anu mindeng dijadikeun corong da’wah, misalna ku cara nambahan wangkongan kalayan diwewegan ku hadits jeung ayat Al-Quran.
Béda karasana antara anu saukur macakeun naskah jeung anu dina kanyataanna weruh atawa sakurang-kurangna resep neuleuman ajaran agama.
Tokoh dina dongéng Wa Képoh mah kaitung paséh upama medar ngeunaan agama Islam. Ku kituna, Wa Képoh ogé ngalakukeun syi’ar Islam dina sababaraha dongéngna.
Basa dongéng “Si Rawing” difilmkeun, réa masarakat anu ngarasa hanjelu ku lantaran sutradarana teu bisa nobros lalangit imajinasi masarakat nu geus leuwih tiheula mikawanoh vérsi dongéng Wa Képoh.
Malah moal boa masih anggang pikeun ngahontal lalangit imajinasi masarakat ngeunaan tokoh “Si Rawing”.
Kabuktian teu gampang pikeun ngajabarkeun imajinasi anu geus napel dina pikiran masarakat. Karancagéan Wa Képoh dina mangaruhan motahna imajinasi nu ngabandungan dongéngna, geus teu kudu dicaturkeun deui.
Wa Képoh geus bisa ngabuktikeun yén dongéng téh lain saukur keur “ngabobodo budak céngéng”. Sabab dina kanyataanna dongéng Wa Képoh dipikalandep ku rupaning umur, rupaning kelas sosial, jeung rupaning kaayaan haté: ka nu keur ngungun alum bisa jadi ubar panglipur kalbu, ka nu keur tunggara bisa jadi pangbeberah manah, ka nu keur gumbira bisa jadi panyengker rasa. Rupaning papagon, piwejang, atawa nasihat, réa nu bisa dipulungan dina dongéng Wa Képoh.
Poé Saptu, 28 Désémber 2013, kira jam 10.30 WIB, Wa Képoh dipundut ku Nu Maha Agung. Innalillahi wa Inna Ilaihi Roziun.
Najan warugana geus taya dikieuna, tapi ngaran Wa Képoh moal leungit tina sajarah kamekaran basa jeung sastra Sunda. Mugia Wa Képoh diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Nu Maha Kawas.***
Komentar