Ku AGAH NUGRAHA
AYA rupaning tradisi dina sapanjang bulan Ramdhan nepi ka datangna poé Idul Fitri di tatar Sunda. Pangna kitu, ku lantaran Islam asup ka Tatar Sunda téh nyanghareupan budaya anu geus sakitu pageuhna.
Kondisi éta merelukeun adaptasi anu strategis, sangkan asupna Islam katut sagala ajaranna mampu ngahudang rasa simpati masarakat Sunda, anu jaman harita masih pageuh nyekel tatali karuhunna.
Adaptasi téknis strategis anu dijalankeun ku nu syiar Islam di Tatar Sunda téh nyoko kana strategi para wali nu salapan téa, anu dina prak-prakana nyebarkeun ajaran Islam kalayan napak dina budaya saban wewengkon.
Puguh baé anu numutkeun aranjeunna henteu méngpar tina ajaran Islam. Ajaran Islam diadumaskeun kana rupa-rupa kasenian rahayat, saperti kasenian wayang kulit, seni badéng, seni terebangan, atawa acara nyangku di Panjalu nu salawasna digarap sacara islami.
Dina buku “Pergumulan Islam Dengan Kebudayaan Lokal di Tatar Sunda” nu disarungsum ku Cik Bisri, spk, ditétélakeun yén agama jeung budaya deungeun nu rék asup ka Tatar Sunda téh kudu nyanghareupan heula masarakat asli atawa urang Sunda anu pengkuh kana kabudayaan warisan karuhunna.
Demi kabudayaan mangrupa mata holang rarancang acuan masarakat Sunda nalika Ki Sunda kudu nyanghareupan sawatara parubahan tina ngagésérna jaman ka jaman.
Hiji agama nu asalna ti nagri deungeun katut budayana, naha bisa ditarima ku padumuk Tatar Sunda atawa ditolak? Gumantung tina sajauh mana éta parobahan bisa luyu jeung kabudayaan Sunda anu geus kaitung kolot umurna.
Ngan baé ajaran Islam anu diwanohkeu ka masarakat Sunda téh, horéng henteu pagedrug jeung kapercayaan heubeul urang Sunda, nyatana percaya kana hiji kakawasaan gaib.
Anu matak, Islam gampang ditarima ku masarakat Sunda, sabab Islam gé sarua ngajarkeun hiji kakawasaan gaib. Sabalikna agama nu disebarkeun ku urang Barat, hésé pisan rék ditarimana.
Pon pilalagi budayana urang Barat (baheula kitu sotéh ) bangga ditarima ku selér Sunda. Kunaon sababna? Lantara ajaran agama nu dibawa ku urang Éropa katut budayana dianggap jauh tangéh ka langit jeung budaya Sunda.
Geura baé contona, dina masalah bahasa baé, mayoritas masarakat Sunda hésé béléké mun ngalarapkeun basa Walanda, pon kitu deui bahasa selér Eropa lianna. Réa kosakecap Walanda anu geus diluyukeun jeung létah Sunda, sabab ku héséna nurutan létah Walanda. Béda deui jeung bahasa Arab, henteu hésé dilafalkeun ku létah urang Sunda. Kitu mimitina mah.
Tapi generasi Sunda kiwari justru lir anu kairut pisan ku budaya Barat. Contona basa deungeun, utamana bahasa Inggris kacida dipikaresepna, katurug éta bahasa geus jadi basa pergaulan internasional jeung basa panganteur élmu pangaweruh. Pon kitu deui tina mode jeung hiburan, barudak urang mikalandep pisan naon anu dicontokeun ku Barat.
Ngeunaan agama nu disebarkeun ku kaom misionaris jaman Walanda, atawa dina jaman Portugis, alias hésé asup kana akal jeung kapercayaan masarakat Sunda anu ti jaman baheula mula teu wanoh kana kapercayaan “réa kakawasaan gaib.”
Agama Sunda nu asli ti karuhunna percaya ngan kana hiji kakawasaan gaib, anu ketalah Sahyiang Tunggal atawa Sanghyiang Tunggal Purba Wisesa.
Sedengkeun agama Islam anu diwanohkeun, seperti disebutkeun di luhur, apan ngajarkeun kapercayaan ka hiji kakawasaan ogé, nyatana, Allah SWT anu tunggal téa, teu putraan jeung teu diputrakeun.
Cohagna naon anu gampang katarima ku akal kapercayaan urang Sunda, tangtu gancang bisa ditarima tur diserep ku urang Sunda.
Demi urang Sunda, rea nu mibandan kalemesan batin, seukeut rasana, puitik, melodius, tur mistik, minangka sésa warisan kapercayaan heubeul.
Atuh teu bina jeung umumna sélér Timur anu katelah gugon kana spiritualisme anu deukeut pisan jeung alam.
Ku kituna nalika ajaran Islam asup kalawan mawa konsep Allah nu Maha Tunggal, ku urang Sunda anu geus ngagem kapercayaan monotheisme (hiji kakawasaan) terus diserep turta diraéh ku tarjamahan Sunda nu puitik jeung romantik. Contona Allah, ditarjamahkeun kana basa Sunda nu puitik pisan, nyaeta,“Pangeran Nu Murbeng Alam”, “Nu Murba Wisesa” atawa “Nu Maha Kawasa.”
Rea deui sesebutan ka Allah SWT dina versi Sunda kalawan ékpresi nu puitik, saperti “Nu Ngusik Malikeun” Atawa mun leuwih jéntré deui “Nu Ngusik Nu Malikeun naon rupa kahirupan anu aya di ieu alam pawenangan.”
Kitu deui, kabudayaan anu marengan asupna ajaran Islam, gampang ditarima, sabab sarua-rua kénéh asup kana kabudayaan Timur, anu henteu matak ahéng teuing pikeun urang Indonesia umumna, Sunda khususna.
Nalika urang Sunda narima agama Islam, budayana gé nyorang parobahan, atawa akulturasi, nu ngawujud dina rupa-rupa tradisi jeung kasenian anu jadi idéntitas urang Sunda nepi ka kiwari.
Ku kituna, bulan Puasa jadi bagian penting ibadah umat Islam, sok diiluan ku budaya akultrasi, nyaéta pagalona tradisi lokal jeung tradisi budaya deungeun.
Contona baé, kuramas di walungan, séké atawa mata cai, di pancuran, nadran atawa nyekar ka kolot, aki-nini, karuhun, anu dilakokan méméh puasa jeung sabada lebaran, ngadulag, jeung sajabana. Datangna bulan Ramadhan, lir kadatangan tamu anu pohara agungna.
Nu matak, dibagéakeun ku rupaning kagiatan anu enas-enasna dina raraga nyucikeun diri, silih lubarkeun kasalahan, jeung ngundakeun ajén-inajén ibadah.***
Dimuat dina Majalah Seni Budaya
Komentar