NYIAR GURU BAHASA SUNDA Motekar Nu Bakal Dileler Hadiah Hardjapamekas 2023



HADIAH HARDJAPAMEKAS 2023

PANGLÉLÉR PIKEUN GURU BASA SUNDA NU MOTÉKAR


Hadiah Hardjapamekas téh pangajén kanggo guru-guru basa, pangpangna guru basa Sunda nu teu kendat narékahan pikeun ngawulang élmuning basa ka barudak sakola. Ieu hadiah dipasrahkeun unggal taun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé rukun gawé sareng Program Studi Bahasa Sunda, FPBS, Universitas Pendidikan Indonésia. Maksadna kanggo ngajurung sumanget guru dina miara sareng ngamekarkeun basa dina widang pangajaran sareng atikan.


Ieu hadiah ngawitan diayakeun taun 2008. Sanaos aya sawatara taun nu copong, nanging insya Alloh ka payunna bari mayeng unggal taun. Hadiah Hardjapamekas diajangkeun kanggo tiluaneun, nyaéta guru SD/MI, guru SMP/MTs, sareng guru SMA/SMK/MA/MAK. Guru nu dilélér baris kénging tropi, piagem, sareng artos Rp7,5 juta, pangrojong ti kulawarga R.S. Hardjapamekas (1913–2005) suargi.


Ku kituna, sadaya guru basa Sunda dihaturanan ngiring seléksi Hadiah Hardjapamekas 2023.


Katangtuanana:

(1) Sakur guru basa Sunda jenjang SD/MI, SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA/MAK bisa ngusulkeun pikeun jadi pamilon nu diajén dina Hadiah Hardjapamekas.

(2) Saha baé bisa milu ngusulkeun atawa méré rékoméndasi upama aya pamilon guru basa Sunda nu kaerong merenah dilélér ieu hadiah.

(3) Pamilon geus ngajarkeun basa Sunda di sakola sakurang-kurangna lima (5) taun, boh ASN boh non-ASN.

(4) Tempat ngajar teu diwatesanan ku wewengkon adminstratif, bisa di Jawa Barat, Banten, atawa wewengkon lianna.

(5) Guru nu kungsi dilélér Hadiah Hardjapamekas teu kaci miluan deui.

(6) Pamilon kudu ngeusian formulir pendaftaran dina tautan: https://s.id/hardjapamekas2023

(7) Putusan Girang Pangajén Hadiah Harjapamekas teu bisa dionggét-onggét.


Gurat Mangsa:

15 Méi—30 Juni 2023: Pendaftaran pamilon

5 Juli 2023: Béwara hasil seléksi

5—15 Juli 2023: Ngintunkeun berkas (portofolio) pikeun pamilon nu lolos seléksi

20 Juli 2023: Béwara finalis

21—25 Juli 2023: Wawancara finalis

29 Juli 2023: Béwara pinunjul Hadiah Hardjapamekas


Panitia Hadiah Hardjapamekas 2023

Yayasan Kebudayaan Rancagé

Jl. Garut nomer 2 Kota Bandung

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post