Carpon: Serat Bratawali






"IEU gagaman aing nu nyangkaruk na sarangka garba. Geus marudah ngambeu darah wilwatika, najan sagetih sakocoran." Sora nu geueuman tina genggerong nu kahuru ambekan, sabada layon-layon satria diaben di puseur alun-alun Surawisésa. Peuting di Katigahan teu kawarnaan méga, nyeplak pias lir piasna seuneu nu ngagedur, najan teu wasa ngalebur layon jadi lebu.

"Marang téja manarawang sang candra. Namo sidam sukma palipurna nihan kawih lan kawurungan lamba lalakon, lan kawuwusan mangsa mecat sanghyang atma sadeuri sanghyang hurip, lungga sanghyang pranama, moksa aci wisésa." Sang Satmata nu weruh ngadéngé gerentes haté sorangan, mairan bari ngusap mastaka Sang Mamethayu.

Nu diusap bangun nu eungap, nahan kasedih jeung ambekan nu beuki nyedek. Cisoca mingkin ngeyembeng. Sabot panuteupna museur kana seuneu nu ngabebela, kana silalatu nu rebeng lir siloka pangjajap. Balung jeung getihna ngeleter, teu wasa neuteup ringkang kakasih nu ngelemeng tina ngempurna seuneu.

"Wastu. Nu mahala aya padeudeukeut. Henteu jauh ti kurungan nu kadang inya sarira. Sabda mun karasa panas tiis, tutur pasrah lan ambek. Kéna mo hurip salah ma suka, kahyangan pati sorga, kahyangan papajatya. Tan rarasa tunggalkeun kana dadu warna kahanan lara wisaya nya diri rumaket tiba," Sang Satmata beuki anteb mapatahan.

"Paman, nya puhun kumaha aing, warah aing sarira kalih aing nyokot tuturing uga nu diwasiat ku Uyut Darmasiksa, yén ingkang sayogyanya raja Jawa lawan raja Sunda pasasparo pasarpana atuntunan tangan, silih asih pantaran ning padudulur." Ceuk nu ambek, teu répéh-répéh.

Sang Satmata imut ngagelenyu. Najan kitu, ari haté mah mingkin hariwang, sok sieun galih Sang mamethayu kaancikan rasa dengdam. Tangtuna nu kasawang baris nguwak-ngawik kalumangsungan pamaréntah karajaan.

"Adam anaking sumangger, mulah mo yatna-yatna reungeu Sang Nugraha inya aing inya siya teu luput papa kalesa, jeueung geuing leumpang, di téja hibar malar kacaangan. Lamun hamo gegel andel pakeun kawarana saba bisati, pakeun ngalancan musuh, bancana baris teu pegatan."

Amarah nu ngabebela jadi leyur sabada layon-layon lebur jadi lebu. Sabada seuneu ngawuwus sukma nu moksa.

"Dorang geus dibukakeun, jalan geus dicaangkeun. Mulah salah bijil. Moksa aci wisésa. Maka ti sarira henteu diheuryanan, na musuh moal kalalar. Sapinahan Sang Lumahing Rana. Pupus dulur miwah dulur, mugia pupus pahala nanjeur rahayu. Mugia karuhun kasorgaan langa lara baris kalalar sangkan mulang ka jatya, Sunda jaya di buana." Waler Sang Mamethayu bari murubut cisoca. Bréh, para batara geus mukakeun lawang nirwana. Batara Isora di wétan, Batara Wisnu di Kalér, Batara Mahadéwa di kulon, Batara Brahma di kidul, jeung Batara Siwa di tengah.

Nu ngagalindengkeun dunga sapanjang peuting, bedah ku cimata, sakumna rahayat nagri bélasungkawa, baris natrat dina lambaran sajarah séwang-séwangan.***


Komunitas Ziarah Sang Anusarasa Panjalu, Juli 2003


Dimuat dina Majalah Seni Budaya édisi September 2003


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post