Wawanohan jeung Pangarang Dongéng Sunda "Si Rawing"

Yat. R, pangarang dongeng Sunda "Si Rawing"

Catetan Dhipa Galuh Purba


KIRA taun 1980-an, saméméh “tingpucunghul” statsiun TV swasta, ngadéngékeun dongéng dina radio minangka favorit masarakat Sunda di padésaan, malah di pakotaan. Disiarkeun ku leuwih ti 40 radio sa-Jawa Barat.

Puguh baé, anu ngabandunganna ogé teu kolot, teu budak; ganggarateunana ngadagoan runtuyan carita Si Rawing, moal pati béda jeung masarakat ayeuna anu “kabungbulengan” ku sinétron. Malah aya nu matak ngaranjug, basa ngadéngé béja mun yén carita Si Rawing nepi ka dipaké tarohan sagala rupa ku sabagéan jalma anu resep kana tarohan.

Dongéng Si Rawing, minangka salah sahiji dongéng favorit di antara carita dongéng anu séjénna. Mangsa harita, sawatara radio satékah polah nyiarkeun dongéng anu caritana hadé tur dipikaresep ku balaréa.

Pon kitu deui, anu ngadongéngna ogé jadi perkara anu kacida nangtukeunna. Sajaba ti dongéng Si Rawing, aya ogé dongéng nu kungsi sohor, saperti Romusa, Teu Sangka, jeung sajabana. Tapi kudu diaku, mun yén dongéng Si Rawing aya leuwihna batan dongéng anu séjén.

Si Rawing dongéngkeun ku Wa Képoh, anu katelah Si raja Dongéng. Ku ayana Si Rawing, ngaran Wa Képoh beuki kakoncara, dipakawanoh di mamana. Unggal ngayakeun jumpa fans, teu weléh suksés; masarakat anu ngahadiran bisa minuhan lapang jeung antusias pisan.

Pon kitu deui sabalikna, ku ayana Wa Képoh anu parigel ngarugal-rigel jeung ngaréka-réka sora, carita Si Rawing bisa ngakar di masarakat Sunda. Éstuning anu geus kabungbulengan ku dongéng mah, sok aya paribasa; sieun kaliwat dongéng.

Aya nu kapopohokeun ku ayana dongéng Si Rawing nu ngagemparkeun téh, nyaéta pangarangna. Salila ieu, Si Rawing ukur idéntik jeung Wa Képoh. Arang nu ingeteun atawa nu apal, saha sabenerna pangarang Si Rawing téh.

Kaasup dina Énsiklopédi Sunda anu sakitu lengkepna ogé, ngaran pangarang Si Rawing mah teu kapaluruh. Padahal tangtuna ogé, justru anu boga jasa gedé “ngalahirkeun” Si Rawing téh, salah sahijina nyaéta pangarang-na. Tapi lain hartina nu ngadongéng henteu penting. Duanana ogép minangka bagéan anu kacida nangtukeun suksés atawa henteu-na hiji carita dongéng. Pang kitu téh, dongéng Si Rawing can puguh  suksés, upama nu ngadongéngna lain Wa Képoh.

Sebut baé Yat R, anu mibanda imaji jeung bekel kamampuan ngarang lalakon panjang, geus sanggup “ngageunjlengkeun” tatar Sunda. Ku ayana kaparigelan jeung daya imajinasi Yat R, Si Rawing bisa ditarima ku balaréa.

Yat R, ngaran lengkepna mah Yayat Ruhiat. Ngetik carita dongéng ngagunakeun mesin ketik manual; lain baé ngahasilkeun carita Si Rawing. Malah dina mangsa ayeuna ogé, dongéng Si Bopéng masih kénéh dipikaresep ku masarakat, sanajan kuantitas nu ngadéngékeunana moal saperti keur jaman Si Rawing. Lumrah pisan, ku sabab jaman ayeuna geus loba média audio visual anu siap ngahibur masarakat, kalayan runtuyan acara anu fariativ.

Anu sok ngadéngékeun dongéng, rata-ratana kari sabagéan masarakat di padésaan anu can kabedag meuli tivi atawa anu mémang nineung kénéh kana dongéng Sunda. Kilang kitu, basa sawatara waktu katukang Wa Képoh ngayakeun jumpa fans di Garut, horéng nepi ka diluuhan ku leuwih ti 20 rébu urang. Hartina masarakat téh loba kénéh nu resep ngadéngékeun dongéng.


Film Si Rawing
Nilik antusias masarakat kana dongéng Si Rawing, ngalantarankeun para produsér film ngarérét Si Rawing. Anu antukna mah Si Rawing di-filmkeun. Hanjakalna henteu suksés cara dongéng-na. Film Si Rawing samet bisa “ngabaturan” film-film nasional jaman harita.

Pang kitu téh lantaran carita anu dipintonkeun dina éta film, henteu sakumaha anu aya dina dongéng. Katambah deui aktor anu merankeun Si Rawing, kurang luyu jeung karakter Si Rawing anu aya dina dongéng. Antukna masarakat ngarasa hanjelu ku ayana film Si Rawing. Kaasup Yayat Ruhiat ogé ngarasa kuciwa, basa nyaksian film Si Rawing anu jauh jeung imajinasi-na. Conto leutikna mah, Si Rawing téh apan tara kungsi mawa pakarang.

Na ari dina film, naha ujug-ujug mamawa pakarang. Anu leuwih teu keuna, nya aktor anu merankeunna téa. Siga saha atuh Si Rawing téh? “Bayangan kuring mah, Si Rawing téh kocakna moal patio géséh jeung Jéki Cén, aktor China.” Kitu ceuk Yayat Ruhiat, basa diajakan ngawangkong ngeunaan Si Rawing.

Pamanggih Yayat ruhiat mémang teu ditampik ku para seniman film. Nurutkeun Prawoto, penulis skenario film Si Rawing III, mémang anu kurang cocokna téh aktor-na. Ari perkara Si Rawing mawa pakarang mah, sangkan leuwih narik panon anu lalajo. Sabab lamun Si Rawing bolostrong waé, kurang hadé ditilik tina visualisasi. Atuh perkara caritana anu teu luyu jeung dongéng aslina, da puguh ari film mah kawengku ku durasi anu singket. Pon kitu deui dina visualisasi adegan ka adegan, kamampuan kru film bakal aya watesna. Moal cara anu diimajinasikeun dina dongéng.

Si Rawing disinétronkeun?
Taya deui jalan pikeun nebus kakuciwaan fans Si Rawing, iwal ti ngaracik carita Si Rawing dina pidangan sinétron. Ari sinétron mah da bisa nyambung jadi sababaraha épisode. Anu hartina pangarang bisa samemena nyaritakeun Si Rawing ti keur leutik mula, guguru ka Bah Débléng, ngalalana, nampilkeun tokoh Banténg Wulung, Jaka Bandang Si Raja Pedang, Komara Déwa Asmara, Kartika, Saraswati, Bah Béwok, Gempar, jeung sajabana.

Kilang kitu, ari perkara aktorna mah, keukeuh kudu anu luyu jeung karakter anu diasongkeun. Mun bisa mah, sora-na ogé didabing ku Wa Képoh. Sabab salila ieu, sora Si Rawing geus idéntik jeung Si Rawing Wa Képoh. Nuansa Sunda-na kudu karasa. Sabab dina carita Si Rawing, euyeub pisan ku falsafah ka-Sundaan. Lagu ngarang Si Rawing, pangarang henteu padu gutret waé ngetik. Tapi kungsi ngayakeun observasi heula, nepi ka (contona) jurus-jurus Si Rawing ogé, mibanda harti anu kudu diteuleuman.

Bisa jadi, ari pemda Jabar mah moal pati hayangeun ngagarap sinétron Si Rawing téh, da puguh pajabat-na ogé arang nu nyaho jeung anu titén kana gejolak kabudayaan anu kungsi tumiba di Tatar Sunda. Mun seug boga niat mah, meureun geus ti baheula atuh. Tapi “Si Rawing” teu kudu salempang. Najan pihak pamaréntah daérah api lain kana kréativitas pangarang dongéng, loba kénéh para produsér sinétron anu kataji ku Si Rawing.***

Ranggon Panyileukan, 25 Romadhon 1424

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post