Lagu Layung di Situ Lengkong Panjalu - Lia Refany




Layung di Situ Panjalu
Cipt: Dhipa Galuh Purba

Mangsa layung ngalimpudan Nusa Gedé
Ngangkleung rakit meulah tingtrim cai situ
Diusapan hiliwirna angin tingtrim
Ngadalingding meupeus jempé simpé haté

Naha teu balabuh di Banjar Waru
Sanés sindang ka Pabuaran
Tuh... Dukuh paranti matuh
Naha teu nyiar ka lembur Simpar
Sanés nyantél di Nusa Pakél
Tuh Mundu bangun nu nunggu

Naha bet ngagugu rasa bingbang
Henteu panceg patékadan
Yeuh kuring nu tetep nganti

Naha teu maliré selang mangsa
Umur dunya geus nambahan
Yap deudeuh sing geura mulang

Angkleung-angkleungan di Situ Panjalu
Tiiskeun pikir singkahkeun peurih ati
Angkleung-angkleungan di Situ Panjalu
Lalakon hirup da moal leupas cocoba

Angkleung-angkleungan di Situ Panjalu
Néangan saha néangan nu kumaha
Angkleung-angkleungan di Situ Panjalu
Néangan saha da moal aya tungtungna

Ranggon Panyileukan, 1427 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post