Carita Banyol: Tragedi di Situ Lengkong Panjalu



CARITA BANYOL Serial "Bintang Cigorowek"


Ku DHIPA GALUH PURBA

PUGUH baé mending Cép Sanusi batan Si Among mah. Nya kasép, nya beunghar, jaba hirup kénéh deuih. Kitu ku kira-kirana ceuk Lurah Ukar  basa madungdengkeun perkara pijodoeun anakna, Néng Lina téa. Diiburkeunna maot Si Among kakara kamari. Sabab basa poé mangkukna mah masih kukulamprengan di parapatan Cigorowék. Malah béjana kaburu kénéh nyimpang ka warung Bi Imah, nganjuk sangu jeung udud.

"Rek dahar jeung naon?" kitu ceuk Bi Imah, basa keur ngaladangan Si Among.

"Jeung hayam wé, Bi," témbalna.

"Enya, maksud téh jeung atina, pépésna, atawa oporna?"

"Jeung kandangna ogé teu jadi masalah, Bi," kitu témbalna bari teu riuk-riuk semu anu heureuy. Jadi mémang ari kila-kilana mah geus katara, boh tina omonganana atawa tina sikepna. Tapi taya anu nyangka, upama Si Among nepi ka kacaturkeun téga nelasan pati ku jalan ngunclungkeun karep ka Situ Panjalu.

"Enyaan Si Among téh bunuh diri?" Jang Purkon mah angger semu cangcaya kénéh.

"Sing wani modar tah! Ngan ari layonna mah teuing ka mana," témbal Jang Bontot.

"Uing mah can kaburu ngalayad, euy,"

"Atuh tinggal ka imahna, da ayeuna ogé masih kénéh maot," ceuk Jang Bontot bari ngagidig ka kulonkeun.

Béja ngeunaan Si Among anu ngunclungkeun karep ka Situ Panjalu mémang geus ngabalabar kawat. Malah dina peuting harita mah, lembur Cigorowék ogé ngadadak jadi canéom, matak pikakeueungeun.

Hansip Baron anu ngaku kungsi ngéléhkeun dedemit Ciramping ogé, peuting harita mah ngadon ngahajakeun milu meuting di imahna Ulis Kowi. Pajarkeun téh lain sieun ku sabangsaning ririwa, tapi  teu kuat ku éra cenah. Pon pilalagi Jang Purkon, nepi ka ngungsi heula ka Cijéngkol.

Can pati écés, naon ngalantarankeun Si Among téga kana dirina. Tapi ku kira-kira mah tangtuna ogé moal pati jauh patula-patalina jeung perkara Néng Lina. Sabab, basa Si Among kakara mulang ti kota, di imahna Lurah Ukar keur meujeuhna kariaan. Naon deui ari lain ngawinkeun mah, da puguh aya janur konéng anu mapaésan méh di saban parapatan. Jaba mani ramé naker deuih, bubuhan nanggap tari orkés dangdut Sinar Remaja, Tasikmalaya.

"Deudeuh teuing Si Among téh. Matak kudu tatanya heula ogé kitu tah balukarna," Bah Dinta mah keukeuh manghanjakalkeun, teu bisa panggih heula jeung Si Among. Cacak lamun tepung heula, tangtuna ogé bakal diterangkeun jujutanana mun yén anu kawin téh da lain Néng Lina, tapi lanceukna, Cép Amran.

"Ari atos, badé kumaha deui atuh, Bah? Moal tiasa diuihan deui panginten," Mang Étom ngarahuh semu handeueul. Ras inget kana hutang Si Among anu jatuh témpona peuting harita.

Enya maksud dewek téh sing jadi picontoeun keur sarerea, utamana keur silaing satéh, Étom! Lamun sakali mangsa silaing rék maéhan manéh, kudu tarapti jeung kudu pararuguh heula masalahna, ulah padu kejot borosot baé,"

"Mangga, Bah,"

"Jeung deui, lamun bisa mah bunuh dirina téh ulah ku jalan ngunclungkeun karep, kuno,"

"Maksad Abah?"

"Batan ngunclungkeun karep mah leuwih hadé milu gerilya ka Palestina, atawa naon sih héséna sih milu demontrasi jeung mahasiswa. Puguh-puguh aya arahaeunana keur balaréa..." teu kebat nyaritana, sabab Ustad Aday geus ngajanteng di lawang panto.

"Na ari Si Abah, kalah mapatahan anu teu pararuguh. Geus puguh bunuh diri mah dosa pisan, rék ku jalan kumaha baé ogé dosa," pokna Ustad Aday bari rada muncereng.

"His, puguh baé dosana mah. Ngan ieu mah keur nyiar tarékah, kumaha carana bunuh diri anu aya mangpaatna. Nya diantarana téh milu demontrasi,"

"Naon hubunganana antara bunuh diri jeung demontrasi?"

"Ah, euweuh patula-patali nanaon. Tapi unggal aya démontrasi, sok aya baé anu palastra,"

"Éta mah suci tujuanna ogé atuh. Lain niat rék bunuh diri, tapi rék merjoangkeun kapentingan rahayat," pokna Ustad Aday bari ngalieuk ka tukangeunana. Katingali Kulisi Ook mani geus élékésékéng baé.

"Tiasa rada énggalan, Mang Ustad?" ceuk Kulisi Ook.

"Aéh enya, puguh kuring téh aya perelu," kituna teh bari ngaharéwos ka Bah Dinta.

Teu sawatara lila kabéhanana ngabring, muru ka beulah kidul. Leumpangna gancang naker, rurusuhan. Méngkol ka Cinaraas, bras ka  sisi Situ Léngkong Panjalu. Kulisi Ook nyuay-nyuaykeun rungkun. Bréh katingali ku saréréa, Si Among keur cingogo bari ngahodhod.

"Juriiig...!" Mang Étom langsung ngaberetek lumpat, teu sirikna notog-notogkeun karep.

"Dasar mangkeluk borangan," Bah Dinta kukulutus.

"Haduh... burukeun atuh, tiris yeuh..." pokna Si Among. Puguh baé Bah Dinta langsung muka sarungna, song dibikeun ka Si Among.

"Lain, kumaha mimitina ieu téh?" tanya Bah Dinta.

"Uing teh keur latihan teuleum di Situ. Maksud téh tatahar pikeun miluan turnamen teuleum internasional. Barang hanjat, kasampak baju geus euweuh. Puguh baé teu bisa balik da éra,"

"Na kabina-bina teuing atuh. Hayoh balik!" kituna téh bari ngingkig miheulaan. Teu maliré ka Kulisi Ook anu gogorowokan, ngélingan Bah Dinta anu bulucun ka handapna. Teu eungeuh kawasna mah, Bah Dinta téh ti imahna ukur disasarung wungkul bari teu maké jeroan.***

Ranggon Panyileukan, 1425 Hijriah


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post