Longser Modifikasi - GÉHGÉR CIGOROWÉK - Produksi Mahasiswa Pendidikan Tari 2018 C




Longser Modifikasi "GÉHGÉR CIGOROWÉK" digelar di Gedung Kesenian Amphiteater UPI Bandung ( Selasa, 3 Desember 2019). Naskah karya Dhipa Galuh Purba, Sutradara Amalia Nurfauziah Satifa. 



=========================

Cuplikan Dialog Longsér Géhgér Cigorowék:


Juragan Kepala
Bener, hidep téh bogoh ka Bu Guru Susi?

Buruy
Leres, Juragan. Sing wantun sumpahna ogé, moal…moal ngaheureuykeun abdi mah. Saksina ogé bumi sareng langit.

Juragan Kepala
Deuleu étah! Berenyit sagedé cileuh geus hayang bobogohan.

Buruy
Da cinta mah henteu pandang usia, Juragan.

Juragan Kepala
Heueuh ari kituna mah. Tapi apanan hidep téh sakola ogé henteu naék baé. Rék kumaha bisa digawé? Rék kumaha ngabiayaan bobogohan? Mangkaning bobogohan téh merelukeun modal.

Buruy
Cinta sajati mah teu kedah nganggo modal, Juragan.

Juragan Kepala
Geus gandéng lah! Siga nu heueuh baé. Cinta sajati tujuh mulud siah! Cinta sajati mah ukur sawangan jalma tukang ngimpi! Cinta sajati ukur sawangan jalma tukang ngumbar imajinasi!

===============================



DOWNLOAD Naskah Longsér Géhgér Cigorowék 




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post