Sajak Sunda: Balebat Mapag Lebaran



Nurmaya Dewi
BALÉBAT MAPAG LEBARAN

Aweuhan ti munara masigit beuki atra
Haté ngarumpuyuk dina sagara asih-Na
Keteg jajantung ukur karana welas-Na
Pamuntangan pamohalan leupas
Dina unggal léngkah, Dina unggal sumujud
Kuring teu weléh neneda
Singkapkeun rereged
anu moékan jalan pileumpangan

"Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu akbar
Laa Illaha Illallohuwalloh hu Akbar
Allohu Akbar Walillahhilham..."

Citraloka, 1422 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post