Sajak Sunda - Di Legok Lengkong


Sajak DHIPA GALUH PURBA

Di Legok Léngkong (1)

Dina amparan taneuh angar barudak keur maén bal
panas poé entak-entakan luhureun sirah, nyongkab.
Barudak hanaang, meureut baju nguyup késang.
Na ka mana cai nu ngeplak sakuriling bungking?
nu layeut jeung tatangkalan nu ngiuhan Nusa Gedé!
Situ Léngkong kari rorongkong
katingtriman, iuh-iuhna, kaéndahan kari waasna

Hiji budak tumanya ka Ki Kuncén nu geus tawéhwoh samulangna
nyekar ti pajaratan Dipati Hariang Kancana. “Ki, naha leres kapungkurna
ieu téh situ? Situ Léngkong Panjalu?”

Situ Panjalu, Agustus 2008



Di Legok Léngkong (2)

 Ki Kuncén unggeuk bari mangpengkeun paneuteup ka jauhna. “Cai situ
ti mangsa ka mangsa mingkin ngorotan, sabab aparat katarajang panyakit
materialisme. Nu kapikir ukur bati macukil, dug-deg ngawangun katumbiri
nu melengkung sakuliah Situ Léngkong. Tapi teu maliré widadari-widadari
nu rék susuci. Widadari cadu mandi dina cai kiruh ku rupaning polusi.
Bujeng hingga widadari, dalah lauk-lauk ogé ngarambang weureu zat kimia.
Ékosistim teu lumangsung sapuratina. Biwir Situ Léngkong ditémbok,
lain dipelakan tatangkalan. Leuweng-leuweung sabudeureun dibukbak.
Pangwangunan pisik bébéakan dihangkeutkeun, tapi naha bet mopohokeun
ngarawat-ngarumat tur nyalametkeun lingkungan? Antukna satutas réngsé
pangwangunan, Situ Léngkong jadi saat. Saat nu jarah. Saat nu rékréasi.
Saat pakeun pangupa jiwa.” témbal Ki Kuncén.

Budak leutik ngembang kadu banget teu ngarti.
Siga belegugna aparat jaman harita nu
teu maliré sora-sora sabudeureun,
nu saban mangsa mépélingan kasalametan alam.

“Ki, naha tiasa Situ Léngkong diayakeun deui caina?” tanya budak leutik.
Ki Kuncén imut ngagelenyu, “His, puguh wé bisa. Asal saratna aya nonoman
ti Panjalu nu sanggup mawa cai zamzam kana gayung karancang.
Engké, caina séblokeun ka legok léngkong. Apan baheula ogé
Situ Léngkong téh caina ti Mekah, cai zamzam kénging nyandak
Prabu Boros Ngora…” kitu pokna Ki Kuncén bari ngaléngkah
meulah taneuh nu beuki bareulah.


Situ Panjalu, Agustus 2008

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post