Catatan DHIPA GALUH PURBA
TEREBANG téh hiji waditra anu aslina lain gumelar di tatar Sunda, tapi geus raket tur dianggap salahsahiji waditra Sunda. Nurutkeun sawatara sumber, terebang téh dibawa ku nu nyebarkeun agama Islam ka Samudra Pasai. Tapi aya ogé nu nyebutkeun yén terebang téh asalna ti Cina. Tangtu baé luyu jeung sajarahna, yén nagara Cina pisan anu munggaran nyiptakeun waditra tina kulit. Sabada terebang asup ka Jawa Barat, contona ka Banten, Cirebon, Cianjur, Sumedang, jeung Ciamis, ieu waditra digunakeun minangka média keur syiar Islam.
Ku lantaran pikeun syiar Islam, lagu-lagu anu dipirig ku terebang sasarina basa Arab, atawa sakurang-kurangna nyelipkeun disksi Arab. Terebang kalintang raket jeung para santri di sababaraha pasantrén nu weweg mageuhan budaya Sunda. Kilang kitu, ari ngaran kasenianna mah henteu sarua. Contona di Sumedang, ngaranna aya Terebang Pusaka jeung Terebang Buhun, di Ciamis Tepak Lima, di Banten Terebang Beluk jeung di Cianjur Terebang Beluk. Pon kitu deui jumlah waditrana, aya anu ukur dua, tilu, opat, tur leuwih loba deui
Nurutkeun catetan WD. Dharmawan Wangsapurwacaraja dina "Rucatan Budaya Bumi Sumedang", waditra Terebang Buhun sasarina aya opat, nyaéta lulugu, kempring, kemprung jeung brung. Diaméternya henteu sarua, aya nu 40 cm, 50 cm, 65 cm, jeung 70 cm. Ari di Cianjur mah, nurutkeun catetan Ajip Rosidi, aya genep, kalayan dingaranan (1) terebang anak, anu pangleutikna, gunana keur méré arahan; (2) terebang kempyang, keur ngatur wirahma lagu; (3) terebang panémpas; (4) terebang tojo atawa panojo; (5) terebang gedut, jeung (6) terebang indung anu gunana siga goong dina gamelan. Di Banten, waditrana nyaéta (1) terebang gedé anu gunana keur goong, (2) terebang penganak, anu gunana keur tingtit, (3) terebang kempul, jeung (5) terebang konéng anu gunana keur "kecrék". Ari di Ciamis mah ngaranna ketimpring (anu pangleutikna), koték, panémpas, gendung, jeung bem.
Nurutkeun “Eksiklopedi Sunda”, lagu-lagu anu dipirigna ngagunakeun laras saléndro kalayan dibagi jadi tilu rupa, nyaéta lagu lulugu, panambah jeung hiburan. Conto lagu lulugu: "Wawayangan", "Salawat", "Kentrung", jeung "Kembang Beureum". Conto lagu panambah: "Malong" jeung "Benjang". Demi lagu hiburan, contona: "Geboy" jeung "Kacang Asin". Di Cianjur, lagu-lagu anu mindeng dipirig, diantarana "Gobyogan", "Muha", "Alah-alah", "Didikiran", "Geboy" jeung "Liwung". Ari di Ciamis jeung Banten mah diantarana: "Badat Nala", "Barjanji", "Salawat" "Ulidal", "shalawat nabi" jeung "bilaia".
Seni Terebang dina Peuting Nyangku di Bumi Alit Panjalu |
Kasenian terebang digelar dina rupaning acara nu raket jeung kaagamaan (Islam). Contona di Sumedang, digelar pikeun upacara huripan. Di Ciamis, pikeun ngareuah-reuah acara sundatan, hélaran ngajajap pangantén mangsa seserahan, miéling Maulud Nabi Muhammad SAW, sarta upacara adat Nyangku di Panjalu. Dina upacara nyangku, terebang digelar sapeuting jeput di Bumi Alit (tempat nyimpen pusaka anu rék disucikeun dina upacara nyangku). Di Cianjur, aya sababaraha daérah anu ngagelar seni terebangan di masjid-masjid, saréngséna ngalaksanakeun solat Isya, sarta pamaénna para santri. Ari di Banten mah pintonna di lapangan anu lega jeung buruan serambi masjid, mangsa miéling Maulud Nabi Muhammad SAW.
Terebang Pusaka jeung Sambung Layang
ÉCÉSNA di Kampung Nagrog, Désa Cipanas, Kacamatan Tanjungkerta, Kabupatén Sumedang. Hiji wewengkon agraris anu masih kénéh pageuh nyepeng budaya karuhun. Prakték-prakték ruwatan, meuleum menyan, nyadiakeun sasajén, mupusti barang karamat, utang-itung poé nu hade jeung goréng, masih tetep digunakeun luyu jeung kabutuhan. Terebang Pusaka anu dipasangkeun jeung Sambung Layang, mangrupa média seni ritual anu digunakeun keur ruwatan atawa ngahurip. Tangtu baé tujuanna pikeun miharep barokah jeung kasalametan, sarta dijauhkeun tina balai.
Terebang Pusaka jeung Sambung Layang mangrupa hiji pangajén kana tutungkusan karuhun Ki Sunda, anu tangtu baé kandunganna lain baé mangrupa seni tradisi mangrupa hiburan. Dina upacara ritual sakral, aya rupaning luang nu perelu dipulungan. Dina konsép garapna, teu pati béda jeung seni tradisi séjénna, Terebang Pusaka jeung Sambung Layang ogé dimimitian ku tatalu pikeun ngabéjaan nu lalajo. Tapi cara tataluna anu béda téh. Tatalu dina ieu kasenian tangtuna ogé ngagunakeun terebang nu mirig lagu-lagu Islami jeung pupujian. Suasana tatalu Terebang Pusaka jeung Sambung Layang mah sakral, kalayan henteu dimeunangkeun aya nu ngibing.
Dimeunangkeun ngibing téh dina adegan reuahan, tur éta ogé saukur ahli waris Terebang Pusaka. Reuahan téh mangrupa sujud sukur kana welas-asih Gusti, anu geus ngawidian lumangsungna éta acara. Lagu-laguna diantara “Kembang Kacang”, “Malong”, “Siuh”, jeung “Benjang”. Minangka puncak adegan, dipungkas ku adegan Puncak Ruwatan. Anu ngibing ngurilingan aréna, bari nyimbeuhan nu lalajo ku daun hanjuang. Éta daun hanjuang téh dianclomkeun heula kana campuran cai hurip jeung tujuh kembang. Kabéhanana ngagorowok “hurip... hurip... hurip…!”. Cai hurip dianggap ngandung barokah, pangpangna penting pisan keur lalaki atawa wanoja anu tacan baé kabiruyungan unggah ka bale nyungcung, nu hésé néangan pagawéan, jeung sajabana.
Lalakon Terebang Pusaka
Lalakon Terebang Pusaka anu didadarkeun di handap téh dumasar kana hasil wawancara langsung jeung para personilnya, ditambah ku observasi ka kampung Nagrog, dokuméntasi Maman Suharya jeung Adis Mukaya (“Risetan seni: Terebang, Gemyung, dan Bangreng”), jeung karya skripsi anu disusun ku Yanyan (“Tari Pada Terebang Dalam Ruwatan Rumah di Tanjungkerta Sumedang”).
Lalakon Terebang Pusaka dimimitian ku datangna turunan Wali, anu nyebarkeun agama Islam ka wewengkon Sumedang (kira abad ka-13). Aranjeunna téh nyaéta: Wangsakusumah, Sacapati, Jayapati, jeung Madepati. Nya aranjeunna pisan syiar Islam ngagunakeun waditra terebang.
Béjana éta waditra terebang téh mangrupa waditra anu ukuranna gedé, dijieunna ku R. Syarif Hidayatulloh (Sunan Gunung Djati) tina kai urut ngawangun masjid Cirebon. Kecap terebang sorangan ngandung harti nu kalintang jero. Saban hurup ngandung harti dina basa Arab. T hartina Tharoban (tanda bukti/riwayat), É hartina 'Adabun (étika seni), R hartina Robana (rebana/marhaba), B hartina Ba'sun (pusaka), A hartina Addin (agama agung/aturan), N hartina Nadhom (gambaran), jeung G hartina Ghusun (gending/tatabeuhan).
Harita Wangsakusumah syiar agama Islam ka sababaraha wewengkon di Sumedang. Diantarana ka Pasir Pogor, Désa Cipanas, Kacamatan Tanjungkerta. Saterusna kira taun 1360 M, hijrah ka wewengkon Ujung Jaya/Kamurang. Dina taun 1380, pindah deui ka wewengkon Ujung Berung, Bandung. Syiar Islamna ngagunakeun média seni bénjang. Saterusna taun 1385, Wangsakusumah syiar ka wewengkon Kuningan kalayan ngagunakeun seni balakutak. Kakara dina taun 1400, Wangsakusumah mulang deui ka Tanjungkerta, kalayan dilélér gelar 'Eyang Wangsarudin'.
Ahli Waris Terebang Pusaka
Waditra terebang nu dipaké ku Wangsakusumah téh nepi ka kiwari masih kénéh dipiara. Malah dingaranan “Pusaka” ogé ku lantaran éta terebang téh asli barang nu ngandung sajarah, titinggal Wangsakusumah. Diwariskan sacara turun tumurun nepi ka kiwari. Kira taun 1850, ahli warisna téh Jion, Karsim, Kasim, anu diluluguan ku E. Ecoh. Saterusna ku Sujam, Emuh, jeung Sukarsih, anu ngamekarkeun nepi ka wewengkon Bangbayang, Sukaregang, Hariang Buah Dua, jeung sabudeureunana. Dina taun 1935, ahli warisna téh Adis Mukaya, tur diwariskeun deui ka Maman Suharya, dina taun 1967.
Maman Suharya satékah-polah ngamekarkeun seni Terebang Pusaka sangkan tetep dipikaresep ku balaréa. Diantarana ku cara ngarobah jadi seni gemyung, nambahan waditra: kendang, opat terebang, tarompét, jeung goong buyung. Kilang kitu ari rumpaka lagu wangsalanna mah henteu dirobah. Malah beuki lila, ieu kasenian kakoncara ogé jadi Bangréng (Singgetan tina Terebang jeung Ronggéng), lantaran sajabana ti nambahan waditra, diadumaniskeun ogé jeung unsur tari jaipongan sarta penca silat.***
Komentar