Angka Pandemi Sampar di Tatar Priangan (1920-1940) - di Panjalu Diadegkeun Pangbarakan



Catetan DADAN SUTISNA

Data nu dibéréndélkeun di handap téh, minangka ringkesan ti nu kungsi kabaca. Keur pieunteungeun baé, yén urang Sunda saenyana kungsi nyanghareupan pakéwuh, digempur kasakit nepi ka 20 taun lilana.

Jumlah-jamléh nu dipidangkeun téh, éstu ti nu kacatet baé, kanyataanana mah meureun leuwih ti kitu. Boa réa kénéh nu teu kacatetna.

Éta angka-angka téh ngawengku opat rupa, nyaéta mortalitas (jumlah nu maot), babandingan jeung jumlah penduduk mangsa harita, tuluy pangbarakan, vaksinasi, jeung “woningverbetering” (ngoméan imah).


Sumber data henteu ngagunduk di hiji buku, tapi meunang nyambung-nyarungsum tina koran, majalah, laporan-laporan, pangpangna nu disimpen di Walanda.

Sanajan harita ieu sasalad téh dibuni-buni ku pamaréntah, tapi nu ngaranna intél mah henteu cileureun, maranéhna asruk-asrukan nyatet-nyatetkeun rupaning kajadian.


MORTALITAS
Nu maot ku sasalad pés (sampar) di wewengkon Priangan (Bandung, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, jeung Sumedang) kacida réana.

Mun dijumlahkeun kabéh kira-kira 70.000 jiwa. Dina grafik bisa ditengetan yén puncakna  sasalad téh taun 1934, kalawan jumlah korban 20.569.

Garut jeung Bandung kaasup nu pangripuhna. Nepi ka taun 1940, aya 20.671 nu maot di Kabupatén Bandung, jeung 24.527 di Kabupatén Garut. Kabupatén lianna saperti Majalengka jeung Cianjur, aya nu maot mah, ngan teu pati réa.

Ieu sasalad mimiti muncul di wewengkon Jawa Timur, taun 1911. Basa di Jawa Timur geus reuhreuy, tuluy maju ka Jawa Tengah. Puncakna di Jawa Barat. Ti mimiti taun 1935, angka nu maot mimiti turun. Ieu téh lantaran masarakat geus mimiti narima vaksin.

Tingkat kematian ieu sasalad méh 100%. Hartina, nu katerap langka nu cageur deui, komo saméméh aya vaksin mah. Komo di Kabupatén Garut mah, nepi ka 3,66% mun dibandingkeun jeung jumlah penduduk. Hartina, tina 100 jalma téh,  aya 3-4 jalma nu maot alatan pés.

PANGBARAKAN
Di sawatara wewengkon, pamaréntah ngadegkeun barak sangkan kasakit teu tatalépa. Éta pangbarakan téh ayana di Ujungberung, Pasirjambu, Cimahi, Majalaya, Banjaran, Cicaléngka, Ciparay, Rancaékék, Soréang, Tanjungsari, Cibatu, Malangbong, Bayongbong, Kadungora, Samarang, Cisurupan, Wanaraja, Pameungpeuk, Banjarwangi, Limbangan, Salawu, Panjalu, Singajaya, Balubur, Ciawi, jeung Singaparna.

VAKSINASI
Nepi ka taun 1938, leuwih ti 1,5 juta rahayat Priangan nu dibéré vaksin. Ieu tarékah téh tétéla bisa nurunkeun jumlah nu maot. Dina jaman Jepang mah, kasakit pés henteu mahabu teuing.

WONINGVERBETERING (NGOMÉAN IMAH)
Salian ti vaksin, tarékah nyinglar sasalad pés téh di antarana ngoméan imah. Maksudna sangkan teu dipaké nyayang beurit. Nepi ka taun 1937, aya 238.565 imah nu dioméan. Hateupna diganti ku kenténg, bilikna jadi salapis.

JUMLAH BEURIT
Nu ieu mah sigana euweuh nu nyatetkeun, duka sabaraha jumlah beurit nu paéh, boh alatan pés, boh dipaéhan ku jelema.

Teu écés deuih, beurit nu mana nu mawa kasakit téh. Da di lembur mah beurit téh réa naker.

Aya beurit huma nu suku tukangna mancrit, beurit sawah nu caricing deukeut cai, beurit imah nu buntutna panjang, beurit tangkal nu buluna semu konéng, jeung beurit dedemit nu hésé kanyahoan rupana.***









0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post