Kahatur Néng Élis Nu Geulis




Catetan Mélankolis: Dhipa Urang Pasisian Ciamis

Néng Élis anu geulis tur manis, mugi salira henteu janten nangis. Margi titis tulis téh geuningan mani hoyong nangis. Lis, ayeuna nuju usum panyawat sadis.

Duh…kumaha atuda Lis, abdi ukur jalmi nunggeulis. Icis dina loket ogé ipis. Tara merékis cara Juragan Ulis urang Haur Geulis.

Tapi omat sanés nyangki Néng Élis materialis, nanging inggis Néng Élis teu tiasa diajak sapapait samamanis.

Saur Néng Élis, abdi téh lalaki anu bengis sareng égois, malah kantos nuduh téroris. Lalaki anu ngan seueur kucuwas-kecewis. Dugi ka ngalantarankeun haté Élis lir diturihan ku hinis.

Malah apan Élis ogé langsung ngadu ka dukun wacis. Untungna, dukun wacis ogé moal metu ngalawan jalmi ciriwis.

Néng Élis anu geulis tur manis, dina usum panyawat sadis, abdi téh nuju ngarintis usaha kana ngukut kapinis.

Apan sayang kapinis téh tiasa laris kana acis sareng wartosna mah rada awis. Kaleresan abdi téh gaduh tempat niis di Pasisian Ciamis. Sanaos kaayaan hawana kacida tiris, tapi teu ngaraos gigis demi ngudag anu namina bisnis.

Néng Élis anu geulis tur manis, Paniisisan téh ngawitanna mah iris. Teras diroris. Horéng téh ukur miis. Katambih kapinis téh sok wiwis. Cenah mah wiwis kapinis téh rada najis. Sok ras emut ka Néng Élis, basa nuju wiwis dina kasur kenging mésér ti Paris.

Néng Élis mah wiwis ogé mani romantis. Malih apan enjingna Néng Élis langsung kulimis. Teras Néng Élis miwarang abdi ngurud kumis. Atuh abdi ogé miwarang Néng Élis supados ngurud halis.

Hanjakal Néng Élis kalah ngurud bulu bitis. Tapi abdi henteu sinis, kalah ngesun damis Néng Élis.

Néng Élis anu geulis tur manis, basa urang nuju romantis, pikiran ngalayang ka Néng Iis.

Néng Iis anu geulis. Néng Iis anu manis. Sasaha ogé moal aya anu bireuk ka Néng Iis, margi anjeunna tos janten hiji artis anu laris. Cindekna mah sélébritis.

Anéhna, Néng Iis ngalengis, hoyongeun nyabak kumis bari diais. Néng Iis badis pengemis.

Abdi asa janten sélébritis. Dugi ka dipangmésérkeun sosis sareng kacang buncis. Malihan Néng Iis ogé mangmasakeun tumis.

Puguh baé abdi téh ngagolér dina téhel anu tiis. Janten wé tiris. Néng Iis ogé siga anu tiris. Mangkaning di luar nuju hujan miripis.

Néng Élis anu geulis, kiwari pangaboga tos ledis alatan sasalad sadis.

Mending kénéh nikah ka Cép Muhlis urang Cimanggis. Najan rambutna seueur huis, tapi Manéhna ogé sami gaduheun kumis. Pakéanana teu weléh nécis. Jaba padamelanna jadi supir bis.

Wartosna mah nyandak bis jurusan Ciamis- Paris. Raos, Lis. Upami Néng Élis badé ka Prancis, Néng Élis teu kedah mésér karcis. Néng Élis mah bakal gratis, margi janten istrina Cép Muhlis.

Hapunten bilih aya kalepatan nulis. Sareng mugi katampi ku Néng Élis, dina ieu amplok, lebetna aya bugis sareng kempis.***


Pasisian Ciamis, 1 Oktober 2005

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post