Kalkulator Sasalad - Pandemi - Corona



Catetan DADAN SUTISNA


Panggeuing:Ieu tulisan téh perkara sasalad korona. Bisi aya nu ngarasa baris kaganggu imunna, bisa ngarandeg nepi ka dieu.

Ringkesan ieu tulisan:Émbaran numpi bisa mangbulan-bulan sapanjang kurva terus nérékél. Kakara rada longsong téh mun angka-angka kasus geus nepi ka puncak.

Sangkan buru-buru mudun deui, pamaréntah kudu nerapkeun aturan nu saklek, masarakat teu eureun silih béjaan (jeung silih bantuan pangabutuh) keur nyegah nerekabna kasakit.


-------



Aya nu nanya, upama geus numpi dua minggu, naha meunang ngider deui kaluar ti imah? Panalék kitu téh bisa jadi ngurunyung ti nu séjénna, kaasup ti diri sorangan.

Da apan réa nu buntu laku pugag lampah, komo nu teu boga sisimpenan salila cicing di imah. Numpi téh réa nu dikorbankeunana, pangpangna nu patali jeung pacarian sapopoé.

Ninggang di tukang ngider, bakal asa kacangcang pisan. Lain éta wungkul, aya ogé nu ngarasa ditéror ku béja-béja pikakeueungeun. Nu teu biasa nampa béja kawas kitu, bawirasa lir dikepung pirang-pirang karingrang. “Parno” cék basa ayeuna mah.

Pananya di luhur téh, mun dilegaan deui mah bakal néros kana kapanasaran séjénna: iraha atuh sasalad téh anggeusna?

Ku sabab taya nu bisa nganjang ka pagéto, atuh jawabanana gé euweuh nu pasti. Kabisa manusa mah semet ngira-ngira upama nyaritakeun kajadian nu bakal datang. Boh maké wangwangan salalar, boh maké téori paélmuan.

Mangkaning dina kaayaan nu teu pasti, umumna manusa mikabutuh kapastian. Nya ti dinya muncul rupa-rupa padika keur nalungtik pikahareupeun.

Geuning aya nu disebut analis trén, manajemén risiko, “early warning”, atawa naon baé ngaranna. Sanajan kitu, kabéhanana gé ukur nyaritakeun kamungkinan atawa probabilitas.

Dina usum sasalad, saban usik urang diasongan angka-angka. Ieu nu dipaké dadasar ngukur kagentingan.

Sawatara angka bisa waé matak bingung, ngaranjug atawa béh dituna kalah ka nambahan soak, katambah rupana burahay beureum.

Angka-angka nu dianggap genting téh nyaéta jumlah nu katerap sasalad jeung jumlah nu maot. Itungan séjénna nyaéta poé, nu dipaké tatapakan akumulasi sakabéh angka.

Saliwat mah angka 1.046 (data poé ieu) kawas nu saeutik upama dibandingkeun jeung populasi di ieu nagara. Kira-kira 0,0004 persénna. Pasén DBD baé ayeuna aya 17.820 [1].

Naha angka sakitu nepi ka matak geunjleung? Ku naon nagara India nu “kakara” 887 mutuskeun lokdon? Saréréa geus nyaho jawabanana.

Kahiji, ku sabab ieu virus téh nerekab pisan, nepi ka pangeusi dunya kudu diajar heula kumaha ngungkulanana. Kadua, data nu diumumkeun kalawan resmi di unggal nagara, can tangtu luyu jeung kanyataan. Da saenyana mah, jumlahna téh bisa sababaraha tikeleun.

Saméméh nyaritakeun angka-angka, patali jeung pertanyaan “iraha” téa, urang cutat heula sababaraha katerangan.

(1) Hasil panalungtikan ahli épidémologi ITB, puncakna sasalad di Indonésia téh ahir bulan Maret, kalawan jumlah kasus 600-an [2]. Sawatara poé ti harita, kateranganana tuluy diralat deui, yén puncakna téh kira-kira minggu katilu April kalawan jumlah kasus 60.000-an [3].

(2) Cék Perdana Menteri, Boris Johnson, sanajan jumlah kasus nyirorot dina tilu bulan ka hareup, éta lain hartina sasalad geus lekasan [4].

(3) Cék panalungtikan urang deungeun, di Indonésia mah ukur 2% nu dilaporkeun téh. Hartina, dina kanyataanana mah 50 tikeleun tina angka-angka nu sok diumumkeun saban poé [5].

Tilu katerangan gé kawasna cukup. Sanajan ditambahan gé ukur nambahan lewang. Umumna para ahli épidémologi méré gambaran pikakeueungeun, bangunna téh ieu dunya bakal ancur lebur ku korona. Tapi, urang cutat deui prédiksi séjénna.

(4)  Michael Levitt nu kungsi nampa Hadiah Nobél, boga pamadegan yén ieu sasalad bakal téréh tumpur. Korona henteu sagangas nu dicipta-cipta ku balaréa. Salila urang bisa nyengker kageumpeur, kaayaan téh bakal sabihara-bihari deui [6].

Katerangan Michael Levitt téh tangtu baé nu diharepkeun ku urang saréréa. Sakumna pangeusi dunya kudu sagancangna numpes ieu sasalad.

Ari lebah prédiksi mah, teu bisa disamarutkeun. Kajadian di unggal nagara tangtu béda-béda. Naha di urang bakal kawas Koréa, Malaysia, Brazil, atawa Spanyol?

Teu aya nu terang, da éta angka-angka téh bakal kapangaruhan ku rupa-rupa faktor: saperti kultur jeung sikep masarakat, kawijakan pamaréntah, tingkat kaséhatan, mobilitas, jsté.

Sawatara waktu katukang, Gabriel Goh, panalungtik di OpenAI (pausahaan nu ngamekarkeun kecerdasan buatan), nyieun “Epidemic Calculator” atawa “Kalkulator Sasalad”.

Ieu aplikasi bisa ngiker-ngiker jumlah nu katerap sasalad dumasar kana variabel nu diasupkeun [6]. Lantaran ieu mah urusanana jeung matématika, bisa jadi teu kabéh paham kana maksud éta kalkulator.


Tapi, sanajan pangajaran matématika geus karahaan, bari teu kudu ngangkir téori itu-ieu, urang bisa ngiker-ngiker kajadian tina runtuyan angka. Sangkan kacipta, urang pérélékeun heula jumlah kasus di Indonésia.

-----
2, 2, 2, 4, 4, 6, 19, 27, 34, 34, 69, 96, 117, 134, 172, 227, 309, 369, 450, 514, 579, 686, 790, 893, 1.046, …
-----
 

Angka di luhur téh, runtuyan jumlah kasus positip korona nu diumumkeun ku pamaréntah ti poé ka poé. Angka-angka terus nambahan unggal poéna, luyu jeung watek virus nu mawa sipat éksponénsial.

Polana bisa katiténan, mun geus nincak ratusan, angkana téh naék 1,12—1,32 (x) tikel ti angka méméhna.

Di unggal nagara umumna mah kawas kitu, sanajan aya ogé poé-poé nu rada mahiwal. Upama maké pola di luhur, bakal kaimpleng yén 10 poé ka hareup jumlah kasus di nagara urang téh bisa leuwih ti 5.000.

Ku itungan éta kénéh, jumlah kasus di sakuliah dunya bisa nepi itungan juta jero tujuh poé ka hareup. Pasualanana, bakal iraha éta angka reureuhna, hartina geus nepi ka ponclot jeung teu nérékél deui, hartina x = 1.

Di Cina puncakna téh kira-kira poé ka-37, ari di Koréa Selatan kira-kira poé ka-51. Nagara-nagara lianna, réréana mah masih kénéh baluweng kumaha numpesna.

Danget ieu saban nagara keur adu-hareupan jeung perkara nu leuwih genting batan Perang Dunya II. Nyanghareupan musuh nu kaciri mah apan hésé kacida.

Teu bina ti perang, unggal nagara nerapkeun stratégi séwang-séwangan bari nimbang pirang-pirang risiko.

Balukar nu moal bisa dipondah mah rungkadna widang ékonomi, jeung sabagian mangaruhan kana psikologi balaréa.

Kahéngkér nu nyampak di urang nampeu pisan: mariksa ODP/PDP gé lila naker nepi ka sawaréh mah kaburu maot saméméh hasil pamariksaan kaluar.

Tuluy masarakat hésé disiplin lantaran can paham pisan kana bahaya sasalad. Dalah dikumaha, aturan nu saklek (tegas) téh perlu pisan dina usum kieu mah.

Numpi téh hadéna mah lain saukur émbaran, tapi maké sangsi jeung solusina.

Angka-angka kawas di luhur téh sakuduna mah teu nambahan kalewang. Nyiwit kulit bisa jadi, susuganan ieu téh saukur ngimpi, tapi da nyata tur kudu disanghareupan.

Lian ti teger jeung tawekal, ieu cocoba téh baris nalék rasa kamanusaan. Upama pamaréntah keur tohtohan nyinglar sasalad ku carana, masarakat gé bisa silih aping, silih talingakeun, silih geuing jeung papadana.

Sasalad hamo bisa disinglar ku cara mostingkeun pangaboga mobil, imah agréng, kadaharan ngeunah salila numpi, sanajan keur jinisna mah bisa jadi matak bagja jeung ningkatkeun imun téa. Sabab di beulah ditu, balukar tina sasalad téh aya jalma-jalma nu pegat cabak, leungit panghasilan, bingung mayar kontrakan, engké kumaha dahar, tur éta téh can tangtu kaubaran ku neuteup gambar mobil atawa imah batur.

Éta gé, taya nu nyaram ngabangbrangkeun pikir, reureuh heula tina ngarahuh.

Hanjakal waktu jeung angka mah terus nyérélék. Mun urang mapay jalan nanjak dibarung ku réa heureuy, tangtu leuwih lila nepi ka puncak.

Sigana mending ngahégak heula babarengan, sangkan buru-buru manggih jalan mudun, nyeuseup deui angin nu mawa bagja.

Jeung sawadina urang mah henteu tagiwur ku angka-angka, sabab sabada nyorang rupaning tarékah, aya perkara nu teu bisa diitung ku kalkulator: diijabahna pirang-pirang dunga.***








Sawatara bacaan:[1] https://www.kompas.com/sains/read/2020/03/12/170300823/pasien-dbd-capai-17820-ini-10-provinsi-dengan-jumlah-kasus-tertinggi
[2] https://edukasi.kompas.com/read/2020/03/19/210734371/peneliti-itb-prediksi-angka-tertinggi-covid-19-capai-kisaran-600?page=all
[3] https://tekno.tempo.co/read/1322857/proyeksi-ahli-itb-puncak-epidemi-corona-indonesia-april-2020
[4] https://www.bbc.com/news/health-51963486
[5] https://republika.co.id/berita/q7ruxt484/studi-kasus-corona-di-indonesia-capai-34200-pasien
[6] https://www.liputan6.com/global/read/4211013/prediksi-penerima-hadiah-nobel-soal-corona-covid-19-terbukti-china-pulih-lebih-cepat
[7] http://gabgoh.github.io/COVID/index.html

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post