Maluruh Kasangtukang Seni Debus jeung Rafa’i Daboh Aceh



Catetan DHIPA GALUH PURBA

UPAMA nilik kana prak-prakanana magelaran, écés pisan antara Rafa’i Daboh jeung Debus téh mibanda sababaraha rupa hal anu sarupa.

Pangpangna mah, boh  Rafa’i Daboh atawa Debus, mintonkeun akrobatik kamahéran kakuatan awak; teu neurak ku sabangsaning pakarang atawa barang naon baé nu ilaharna bisa ngajadikeun céda kana kulit.

Upama dihartikeun tina jihat seni, debus téh nyatana kombinasi seni tari, seni sora, seni musik, jeung kabatinan nu mibanda unsur magic.

Sebut baé, Daboh téh nyatana debus ala Acéh. Jadi, sarua-sarua kénéh debus. Pon kitu deui, ceuk urang Acéh,  debus téh nya daboh téa.

Sarua-sarua kénéh daboh. Sok sanajan, upama ditilik di tingkat nasional mah, mémang leuwih populér ngaran debus, batan daboh.

**

BARANG nyaritakeun ngeunaan debus, tangtu baé sawangan téh baris langsung nganteng ka wewengkon Banten, pangangna mah di Kapupaténg Pandéglang jeung Sérang.

Kawasna debus téh geus idéntik jeung Banten. Hal ieu, lain sakadar aku-aku angga, da puguh aya tali sajarahna. Sok sanajan, moal bisa ditampik, yén debus téh lain baé aya di Banten. Seni Debus bisa kapaluruh di wewengkon tatar Sunda lianna, saperti Garut, Panjalu, jeung sajabana.

Tangtu baé mibanda ciri has séwang-séwangan, ku ayana ngabogaan runtuyan sajarah gumelarna éta kasenian.

Nu écés, pintonan debus tangtu baris némbongkeun kakuatan awak. Saperti ngadahar seuneu, jososkeun jarum kawat kana létah, kulit, pipi nepi ka nembus, tapi henteu ngaluarkeun getih, sarta henteu kunanaon. Atawa dibanjur ku érkeras, nyapék kaca, seuneu, jeung réa-réa deui.


Nepi ka kiwari, can aya kacindekan anu écés ngeunaan harti kecap Debus anu écés; naha nyokt tina ngaran barang, ngaran jalma.

Ngaran wewengkon? Kilang kitu, aya sababaraha pamanggih nu bisa dijadikeun bahan tinimbangan dina mauruh harti kecap debus.

Nurutkeun Tb A Sastra Suganda (pangsiunan Kepala Séksi Kebudayaan Kandepdikbud Kabupaten Serang), kecap debus téh nyokot tina kecap tembus (Sandjin Aminudin, 1997:153). Aya deui nu nyebutkeun yén  kecap debus nyokot tina Gedebus (Al-madad),  nyatana ngaran salasahiji pakarang anu dijieun tina beusi, sok dipaké dina pintonan nu némbongkeun kakuatan awak.

Aya deui anu ngahartikeun debus téh sabangsaning tongkat beusi anu tungtungna seukeut. Atuh dina basa Arab ogé, debus hartina pakarang nu seukeut, dijieun tina beusi, tungtungna seukeut, kaayan mibanda gagang anu buleud.

Nya ku pakarang ieu pisan,  para pamaén debus ditubles. Tapi ku lantaran geus weduk téa, pakarang téh tara kungsi neurak. Di lebah dieu daya pangirut debus téh, weduk atawa henteu mempan ku rupaning pakarang nu sareukeut.

Boh di Acéh, Banten, Garut, atawa Panjalu, kalumangsungan sajarah debus, henteu bisa leupas tina sumebarna agama Islam.

Seni Debus minangka salasahiji média kasenian anu dianggap loyog pikeun ngamekarkeun agama Islam mangsa harita.

Aya nu boga pamanggih, yén sabenerna  debus  téh raket pisan patalina jeung tarékat Rifa’iyah, anu dibawa ku Nurrudin Ar-Raniry ka Acéh, abad ka-16.

Ieu tarékat ibanda konvensi, upama aya dina kaayaan  bungah, ku ayana ‘pahareup-hareup’ jeung Nu Maha Kawasa, sarta nubleskeun pakarang kana awakna sorangan.

Demi filosofi-na, manusa mah teu daya, teu upaya. Anging Alloh Nu Maha Hébat. Jadi upama Allah ngijinan, mangka péso, bedog, parang atawa pélor, moal neurak kana awak manusa. Ieu tarékat téh  nepi ka Minang, anu dipikawanoh  jadi dabuih.

Dina pintonan daboh, aya pupuhu nu mibanda tugas pikeun mingpin pintonan. Aya ogé kalungguhan minangka khalifah, anu mibanda tanggung jawab sacara kaélmuan.

Ieu khalifah bakal ngobatan para pamaén debus, upama sakali mangsa aya nu kacilakaan. Khalifah ogé nu bakal ngayonan sing saha baé nu boga niat deleka atawa jail.

Aya  sawatara grup daboh daboh di Acéh, saperti Lempia Grup (Kota Banda Acéh), Payung Meuapuy (Kabupaten Bireuen), Meureundam Dewi (Kab. Aceh Jaya), Rapa’i Macam (Kota Sabang), Lestari Budaya (Kab. Aceh Selatan), Teratai Putih (Kab. Simeuleu), jeung sajabana. Henteu sakabéh masarakat Aceh mikawanoh kana daboh. Saperti masarakat di wewengkon  Acéh Tenggara, Acéh Tengah, Sigli, Pidie, minangka wewengkon, anu masarakatna henteu pati mikawanoh kana daboh.

Di Banten, gumelarna seni debus téh dina mangsana  Sultan Maulana Hasanuddin (1532-1570). Harita, debus dipaké média pikeun ngamekarkeun ajaran Islam.

Saterusna, dina mangsa pamaréntahan  Sultan Ageng Tirtayasa, abad ka-17 maséhi (1651-1652), debus dipaké média pikeun ngahudang  sumanget para pajoangan, dina raraga ngalawan penjajah Belanda (Sandjin A, 1997:156).

Nya teu anéh, upama debus téh minangka  kasenian béladiri pikeun ngahudang rasa percaya diri.

Di Garut,  Seni Debus nu kakoncara téh di wewengkon Pameungpeuk. Nurutkeun caritana, Seni debus di Pameungpeuk diciptakan ku hiji Ajengan anu harita nyebarkeun agama Islam.

Tujuanana pikeun ngondang pangirut masarakat, demi kapentingan syi’ar Islam. Waditrana ngagunakeun alat musik anu dijieun tina tangkal jambé jeung kulit embé.

Para pamaénna dibekelan rupaning kamahéran élmu jasmani jeung rohani, kaasup élmu kadugalan; weduk; henteu neurak ku pakarang.

Di Panjalu (Kabupatén Ciamis), seni Debus mibanda ciri has anu rada arang. Seni debus dipintonkeun kalawan dina wanda maén bal ku seuneu nu ngabebela, teu béda baé jeung anu keur maén bal. Aya kalana ditajong, dihéden, ditéwak, jeung sajabana.

Minangka pamirigna ngagunakeun kendang penca, anu diwengku ku alat-alat kendang (kendang Indung jeung kendang anak), tarompét jeung kempul.

Di Panjalu ogé, Seni Debus henteu ngagunakeun kakuatan élmu hideung, tapi tetep ngacu kana kakuatan jeung ajaran  kitab suci al-Qur’an.

Kilang kitu, loba di antara masarakat anu nganggap  yén seni Debus téh papalimpang jeung ageman agama Islam.

Perkara éta mah, gumantung ka individu séwang-séwangan. Sabab dina émprona mah, cenah para pamaén debus kudu nyumponan pasaaratan anu geus ditangtukeun, nyatana  kudu mibanda kaimanan nu kuat jeung kayakinan kana agama Islam.

Pantranganna ogé  teu meunang mabok-mabokan, judi, lacur, nyolong, jeung sajabana. Pokona mah sakur anu dipantrang ku agama Islam, teu meunang dilakonan ku pamaén debus.

Boh sabuat maén, pon pilalagi dina hirup kumbuh sapopoé. Iwal ti éta, pamaén debus ogé teu meunang asa-asa dina metakeun pangaweruhna dina ngayonan bahaya.
   
Konsép Garap Seni Debus
Puguh baé Debus téh minangka pintonan seni anu digelar sacara kelompok, kalayan jumlah pamaénna  kurang leuwih 12 nepi ka 15 urang, anu mibanda tugas séwang-séwangan;  saurang juru kendang, duaan nabeuh dogdog tingtit,  saurang nabeuh kecrék,  opat urang  nu zikir,  lima urang nu maén atraksi debus,  jeung sajabana.

Sacara umum, pintonan debus dibuka  maca sholawat ka Nabi Muhammad, puji-pujian jeung dzikir ka Allah SWT, anu dipirig ku instrumen tatabeuhan salila tilu menit.

Satuluyna ngahaleuangkeun lalaguan mangrupa dzikir kalayan ngagunakeun sora nu tarik, ngalaeu, patémbalan, kalayan dipirig ku tatabeuhan; sok disebut  ngabeluk. Barang ngabeluk dimimitian,  atraksi silat   mimiti padungdung.

Sanggeus kitu,  para pamaén  atraksi debus mimiti mintonkeun kamahéranana, saperti nojos beuteung ku Gedebus, mesék kalapa ku waos, meupeuskeun batok kalapana ku sirah.

Aya ogé adegan ngeureut bagéan awak, saperti létah, leungeun atawa pingping ku bedog, péso, atawa parang. Aya atraksi ngagoréng kurupuk atawa endog di luhur sirah, meuleum bagéan awak,  gugulingan dina tumpukan beling kaca, nepi ka aya nu didahar belingna.

Sakur atraksi dipungkas ku Gemrung, nyatana pintonan tatabeuhan musik.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post