Mapay Sasakala Situ Léngkong Panjalu




Catetan DHIPA GALUH PURBA





UPAMA aya nu hayang cai zamzam kalayan tacan kabiruyungan unggah ka Mekah, taya salahna nganjang baé ka Situ Léngkong Panjalu, Ciamis. Sabab, numutkeun carita rahayat, cai situ téh asalna tina sagayung cai zamzam anu dicandak ku Prabu Boros Ngora ti Mekah.

Urang Panjalu ngarasa yakin, yén Prabu Boros Ngora téh minangka tokoh anu pangheulana ngagem agama Islam di Tatar Sunda.

Jadi, puseur awalna kamekaran Islam téh di karajaan Panjalu, anu perenahna di Nusa Gedé, hiji pulo di satengahing Situ Léngkong.

Kiwari legana Situ Léngkong téh kurang leuwih 57, 95 héktar, jerona kurang leuwih 4 nepi ka 6 méter, atawa 731 luhureun dasar laut, kalayan dilingkung ku pakampungan Cukang Padung, Dukuh, Banjar Waru, Simpar, Sriwinangun, jeung Pasanggarahan. Ari Nusa Gedé, legana kurang leuwih 19, 25 héktar.


Prabu Boros Ngora téh putra kadua Raja Cakra Déwa ti praméswari Sari Kidang Pananjung. Mungguhing putra raja nu hanaang ku élmu, Prabu Boros Ngora apruk-aprukan nyukcruk pangaweruh.


Malah kungsi salah léngkah, ngalap élmu kadugalan, anu satuluyna kénging bebendon ti ramana. Turunan Panjalu mémang dipahing ngalap élmu kadugalan, luyu sareng ajaran luluhurna, Ratu Permana Déwi, anu kakoncara ngagem élmuning karahayuan.

Malah nami karajaan ogé apan asalna mah Soko Galuh. Digentos jadi Panjalu, taya sanés pikeun ngajénan Ratu Permana Déwi anu sakitu dipicinta ku rahayat (Panjalu hartosna istri).


Élmu kadugalan anu geus dicangking, henteu asa-asa langsung dipiceun. Lajeng Prabu Boros Ngora maluruh élmu sajati anu baris mangpaat pikeun rahayat Panjalu.

Prabu Boros Ngora dibekelan gayung bungbas ku ramana, gayung anu barolong handapna. Éta gayung téh kedah dieusian ku cai, kalayan caina ulah nepi ka bocor. Saliwatan mah tangtu baé asa pamohalan.


Kilang kitu, Prabu Boros Ngora henteu wantun baha, ngalalana maluruh élmu sajati, tug dugi ka anjog ka Mekah, nepangan Sayidina Ali.

Tangtos baé Sayidina Ali nungtun Prabu Boros Ngora sangkan ngagem agama Islam, sarta ngawiridkeun élmuning Islam.

Basa Prabu Boros Ngora parantos diwidian mulang deui ka Panjalu, Sayidina Ali maparin sawatara pusaka, saperti pedang, cis, jsté.

Teu hilap, Sayidina Ali ngawadahan cai zamzam kana gayung anu barolong handapna téa. Tétéla, ahéng pisan, cai zamzam henteu bocor, tiasa kacandak ka Panjalu.


Leuwih ahéng deui, barang Prabu Boros Ngora dugi ka bali geusan ngajadi, Panjalu, lajeng cai zamzam dibahékeun ka legok Jambu.

Cai sagayung dadak sakala jadi ngagulidag minuhan legok jambu. Breh jadi hiji situ. Gayung bungbas dibalangkeun ka lebah Gunung Sawal, janggélék jadi tangkal paku sorok.

Ari caina anu nyarakclakanna dadak sakala robah jadi kulah di sabudeureun gunung Syawal.   


Prabu Boros Ngora dijenengkeun jadi papayung agung karajaan Panjalu, ngagentos rakana, Prabu Lembu Sampulur II.

Puseur karajaan anu saméméhna di Dayeuh Luhur, dialihkeun ka Nusa Gedé, pulo anu dilingkung ku Situ Léngkong.

Prabu Boros Ngora ngawitan syi’ar Islam, kalayan kénging pangbagéa ti sakumna rahayat Panjalu. Hanjakal, henteu mendak katerangan saha-sahana anu jadi praméswari mangsa jeneng Prabu Boros Ngora.

Nu écés mah Prabu Boros Ngora gaduh dua urang putra, Prabu Hariang Kancana sareng Prabu Hariang Kuning.

Ajaran Prabu Boros Ngora anu tetep nyantél nepi ka kiwari nya éta: “Mangan karana halal, paké karana suci, ucap-lampah sabeneré”.

*

KIWARI seueur anu jiarah ka makam Nusa Gedé, tempat dikurebkeunana Prabu Hariang Kancana. Aya nu gaduh pamadegan, yén anu dikurebkeun di Nusa Gedé téh Wastu Kancana, rayina Déwi Citraresmi Diah Pitaloka, putra Maha Raja ti Déwi Laralisning.

Malah KH. Abdurahman Wahid mah béda deui pamadeganna téh. Numutkeun Gusdur, anu dikurebkeun di Nusa Gedé téh Kiai Panjalu atanapi Sayyit Ali Bin Muhammad Bin Umar anu jumeneng dina mangsa karajaan Prabu Siliwangi maréntah di Padjadjaran.


Pusaka titinggal Sanghyang Boros Ngora kiwari dirawatan di pasucian anu katelah Bumi Alit. Perenahna di kampung Ciméndong, gédéngeun bumina Radén Atong Cakradinata.

Unggal taun sok diberesihkeun dina acara upacara nyangku. Ari nyangku téh asal kecapna mah tina basa Arab ‘yanko’ anu hartina ngaberesihkeun.

Digelar saban bulan Mulud, poé Senén atawa Kemis, minggu panungtung. Sasarina sok dilaksanakeun bari sakalian miéling Mulud Nabi Muhammad SAW.

Anu dikumbah téh diantarana pedang, cis, kujang, keris komando, keris titinggal para bupati Panjalu, pancaworo, bangréng, goong leutik, jeung sakur pusaka anu dipibanda ku masarakat Panjalu.

Diberesihan ku tujuh rupa cai meunang ngala ti Karantenan, Gunung Bitung, Citatah, Kubang Kélong, Cibatu Agung, Giyut Tengger jeung Situ Léngkong Panjalu.***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post