Catetan DHIPA GALUH PURBA
Upama ngabandingkeun anggangna Bandung-Maronggé, jarakna téh méh sarua jeung
Bandung-Situ Léngkong Panjalu. Nya, anggangna téh upama ti wates Bandung Timur nepi ka Maronggé,
kurang leuwih 72 KM.
Demi Maronggé téh perenahna di Kacamatan Tomo, Kabupatén Sumedang. Tapi ti puseur
dayeuh Sumedang, masih kénéh jauh, muru ka liliwatan jalan nu brasna ka Cirebon. Engké, upama manggihan
jalan cagak, tinggal méngkol ka Beulah katuhu, anu ka Cirebon-keun téa.
Ti jalan cagak éta, paling ogé 5,5 KM nepi ka lawang asup ka Maronggé. Atuh
ti sisi jalan ka Maronggé, anggangna 3,7 KM. Husus keur anu numpak kandaraan
umum, kari naék mobil beus jurusan Bandung-Cirebon
atawa jurusan Tegal-Semarang-Cirebon.
Pasti éta beus ngaliwatan ka lawang jalan anu baris nganteurkeun ka Kampung
Maronggé, écésna pajaratan karamat tempat jarah.
Harita anjog ka Maronggé téh kurang leuwih wanci sareureuh kolot. Kaayaanna
mungguh matak pikabetaheun pikeun anu resep kénéh maréjéng. Pang kitu, saparat
jalan gedé, deukeut lawang makam karamat Maronggé téh, teu béda jeung suasana Pasar
Malem.
Anu dagang ngajajar, ti mimiti nu dagang rupaning kadaharan tug nepi ka
dagang cocooan. Atuh puguh, pangna loba nu dagang ogé, da peuting harita, para
tamu nu ngadongdon Maronggé mani ngagimbung,
tiu suklakna-ti siklukna, tug nepi ka para tatamu anu jol-na ti
kota-kota gedé, saperti Bandung, Jakarta, Cirebon, jeung sajabana.
Para tatamu lir anu kapélét, ku suasana Maronggé, da kaayaan
sarupa kitu téh, bisa kapanggih unggal Malem Juma'ah Kaliwon.
Nilik kaayaan kitu, lain tukang dagang baé nu maréma téh, kaasup tukang
parker, hansip, jeung sajabana, milu riweuh ngadalikeun kaayaan pikeun katingtriman
para tatamu.
Bras ka lawang asup makam karamat, jalan satapak tétécéan anu rada netek,
tapi teu matak wegah teuing da geus ditémbok, jaba henteu pati jauh deuih.
Paling ogé saratus meter, langsung anjog ka Makam karamat téa. Saméméhna, aya
patugas nu ngadata sakur tatamu nu rék jarah.
Di dinya, para tamu kudu
nyiapkeun dui tsarébu pérak minangka uang pendaptaran. Atuh bisi aya nu rék
reureuh heula, di tempat éta ogé disayagikeun wangunan tempat reureuh anu haratis.
Makam Karamat, anu nurutkeun riwayatna, tempat pajaratan Embah Gabug (Nyai
Gabug), perenahna di hiji wangunan anu sabudeureunana di lingkung ku pamakaman
umum.
Sajabana ti wangunan makam Nyai Gabug, aya deui dua wangunan séjénna, anu
husus disayagikeun pikeun para tamu nu teu kabagéan tempat di wangunan makam
karamat. Pang kitu, lantaran anu rék jarah téh kacida ngagimbungna, nepi ka
henteu katampung di wangunan makam karamat.
Di lawang panto, aya patugas anu ngadata deui pamaksudan para tamu. Wayahna
di dieu, kudu nyebutkeun naon tujuanana pang jarah ka makam karamat.
Teu bisa
disumput-salindungkeun, sabab éta catetan téh baris dipasihkeun ka kuncén.
Upamana nu hayang téréh meunang jodo,
lancar usaha, dipikanyaah ku dunungan, kudu disebutkeun kalawan jujur.
Di tempat éta kénéh, para tamu disayagikeun cai, kembang, minyak seungit,
menyan, jeung kaperluan jarah séjénna. Waragadna misah deui éta mah. Kaasup nu
rék sodaqoh keur kuncén, nya di dinya tempatna. Teu ditangtukeun
sabaraha-sabarahana mah.
Saihlasna waé. Malah anu moal méré ogé, moal matak
jadi pasualan. Satuluyna éta pernak-pernik téh disimpen dina baskom palastik, lengkep
jeung catetan ngeunaan kasangtukang anu rék jarah téa.
Puguh baé ngantayna mah,
nepi ka assistén kuncén kudu make pangeras, pikeun ngumumkeun ngaran-ngaran anu
geus réngsé dijiad ku kuncén.
Kira wanci tengah peuting, patugas makam karamat ngajak para tamu pikeun
ngado'a babarengan, munajat ka Alloh SWT. Teu poho patugas makam karamat mépélingan
ka para tatamu, sangakan jarahna ka Makam karamat téh henteu disalah hartikeun.
Maksudna, lain nyembah atawa ménta ka Nyai Gabug. Satuluyna patugas makam
karamat, anu harita diwakilan ku Pa
Maman, ngécéskeun ngeunaan kasangtukang biaya pendaptaran anu sarébu pérak téa.
Nurutkeun Pa Maman, éta duit téh diajangkeun pikeun pangwangunan makam karamat
Maronggé.
Dina perkara ieu, Pa Maman nyarita sacara transparan, henteu didinding
kelir, sindang siloka. Pangpangna mah ménta karidoan ti sakur tatamu, ulah nepi
ka salah sangka ku ayana dipénta "karcis" sarébu pérak. Ceuk Pa
Maman, duit anu sarébu téh dibagi dua. Nyatana pikeun pangwangunan makam
karamat Maronggé. Demi sawaréh deui, pikeun kapentingan kampung Maronggé, luareun Makam Karamat.
Kaasup pangwangunan jalan satapak anu muru ka walungan Cilutung ogé, apan
ladang tina patungan sarébu pérak téa. Atuh upama téa mah di kampung Maronggé
nuju ngawangun Masjid atawa Musola, nya sok dibantu kalawan ngagunakeun dana
hasil réréongan anu sarébu pérak téa.
Palebah mayar sarébu pérak, kawasna para tamu ogé, da henteu ngarasa dibeungbeuratan.
Pang kitu, pangaji sarébu pérak, dianggap henteu sabaraha, dibandingkeun jeung "hasil"
jarah ka Makam karamat.
Komo deui anu tujuanana
sodaqoh mah, henteu ngarepkeun imbalan nanaon, kaasup henteu ngarepkeun ladang
jarah, make itungan nu sarébu pérak téa. Sakumaha saur Pa Maman, apan sodaqoh téh
ngajauhkeun balai, jeung ngadeukeutkeun rejeki. Cindekna, para tamu teu aya nu
kacaturkeun "ngarasula", ku ayana dipénta waragad sarébu pérak.
Sabada Pa Maman biantara, langsung ditumbu ku ngadu'a babarengan, kalayan
dipingpin ku kuncén. Para
tamu kawilang husu, munajat ka Gusti Nu Maha Suci, tug nepi ka réngséna. Sanggeus
kitu, para tamu ngabring, muru ka walungan Cilutung.
Demi maksudna nya taya lian
pikeun mandi. Kuncén mépélingan, sangkan awéwé jeung lalaki mandi
kalawan misah, bilih pacampur getih cenah. Tapi pangpangna mah pikeun ngajaga
fitnah.
Palebah dieu mah, para tamu ogé geus leuwih ngarti. Sok sanajan dina
emprona mandi di walungan Cilutung, sok aya waé nu bandel téh. Pangpangna mah
lalaki, nu maksa hayang mandi babarengan jeung awéwé.
Tah nu kieu, nu ngiruhan
pangjarahan téh. Atuh sabada mandi, aya kénéh nu sok miceun balangbéngsang. Maksudna, papakéan nu
dipaké mandi, hususna calana jero. Padahal kuncén geus mépélingan ti
anggalna, ulah miceun balangbéngsang.
Iwal
ti ngotoran walungan téh, katambah bakal mubadzir deuih. Luyu jeung hiji
katerangan, sing saha nu migawé perkara anu mubadir, mangka éta jalma téh
babaturanana sétan.
Kuncén mah méré bongbolongan sangkan pakéan urut mandi téh,
ulah dipiceun ka walungan, tapi dibawa
balik ka imahna séwang-séwangan, tuluy diseuseuh nepi ka beresih, diistrika.
Sanggeus kitu, bikeun wé ka nu teu bisa meuli pakéan. Enya, mémang ceuk logika
ogé, bakal leuwih mangpaat.
*
NAON atuh nu jadi pangjurung, para tamu ti suklakna-ti siklukna ngajugjug
ka Makam Karamat Maronggé? Tangtu baé jawabanana bakal dipatalikeun jeung sohorna
hiji kakuatan pélét (asihan) anu kakoncara ngaranana Pélét Maronggé.
Dina kanyataanana, nu jarah ka Makam Karamat Maronggé, mémang karéréanana
nu hayang téréh meunang jodo (boh awéwé, atawa lalaki). Sanajan anu boga maksud
salian ti perkara jodo ogé, nya kaitung
loba, tapi henteu saloba anu tujuanana hayang buru-buru meunang jodo.
Saperti hiji mojang anu diajakan ngawangkong sabada ngalaksanakeun ritual
mandi di Cilutung. Sebut baé namina NN. Pacabakan sapopoéna jadi penyanyi
dangdut. Méh unggal malem jumaah kaliwon, NN ngahajakeun jarah ka Maronggé, sanajan nganjrekna
kaitung jauh, di wewengkon Subang.
Demi maksud NN jarah téh, taya lian hayang leuwih dipikaresep ku nu lalajo.
Perkara hayang geura meunang jodo (deui), mémang aya dina kereteg hate NN. Nurutkeun
pangakuan NN, sanggeus mindeng
jarah ka Maronggé, manéhna jadi loba nu mikaresep. Nu hayang nanggap, teu
sirikna henteu katadah, awahing ku riweuh ngatur jadwalna.
NN mémang lain hiji-hijina
praktisi kasenian nu mayeng jarah ka Maronggé. Sabab harita téh patepung
jeung seniwati séjénna, boh anu icikibung dina kasenian modern atawa kasenian
tradisional.
Malah, papanggih jeung dua urang pelukis Bandung anu geus boga ngaran. Tétéla, pélét
Maronggé téh, mémang jadi andelan sababaraha praktisi kasenian. Kilang kitu,
nurutkeun SI (hiji sindén), ari ngadu'a mah tetep baé ka Gusti Alloh.
Upama dibandingkeun perséntaseuna, anu jarah téh karéréanana mémang kaum
wanoja. Iwal ti ngarora kénéh jeung rupana gareulis téh, jaba saroméah deuih.
Hanjakalna henteu bisa
ngawawancara, lantaran anjeunna nampik sacara sopan basa diajakan ngawangkong ngeunaan
tujuanana jarah ka Maronggé. Upama disawang ku panon lahir, asa piraku éta para
wanoja nu camperenik téh nepi ka hésé néangan pijodoeun?
Tapi balik deui kana rupaning paniatan anu jarah téa, apan henteu wungkul
hayang geura meunang jodo. Bisa waé anu hayang lancar sakolana, atawa lancar usahana. (Basa
panggih deui di jalan raya, para wanoja téh tetep wé gareulis. Jadi, yakin, mémang
aslina ogé gareulis, dina harti, henteu kapangaruhan ku Pélét Maronggé).
Lian ti éta, ngawangkong kapapanjangan jeung Kang Asép, nu unggal malem
Jumaah Kaliwon, tara kungsi kaliwat jarah ka Maronggé.
Demi Kang Asép mah, lain hayang téréh meunang jodo, da puguh tos kagungan bojo,
malah putrana ogé tos rada raweuy.
Kang Asép mah henteu nyebatkeun naon tujuanana nu écés. Éstuning mung milarian
karidoan Alloh, kitu cenah. Malah Kang Asép ogé nganteur nguriling ngalanglang sabudeureun
Maronggé.
Nilik kana paripolahna mah, Kang Asép téh resep pisan kana banyol tur
kacida mikahéman kawih-kawih Mang Koko.
Sabada dipentés ngawih lagu Mang Koko, mana
horéng Kang Asép téh henteu darawuan. Tapi nu matak ngirut sakur nu jarah,
palebah guyonan Kang Asép. Barang aya rombongan wanoja anu ngaliwat ka
hareupeun Kang Asép, ana celengkeung téh, "Sumangga, baradé yeuh…! Duda
talak tilu, lengkep sértifikatna, pleus bonus voucher …!" pokna. Para wanoja tingcikikik. Atuh para jajaka nu keur néangan
jodo, lir anu aya jalan komo meuntas.
*
Saha sabenerna anu dikurebkeun di Makam Karamat Maronggé téh? Taya lian anu
katelah Mbah Gabug téa. Dina Roman Purnama
di Maronggé, karya Dadan Sutisna, ditulisna téh Nyai Gabug. Pang kitu,
sabab Dadan nyaritakeun lalakon Nyai Gabug dina mangsa keur sedeng rumaja tug
nepi ka sawawa. Tangtungan Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, éndah
kabina-bina.
Lian ti éta, Nyi Gabug ogé mibanda kasaktian anu linuhung. Kacaritakeun,
taya hiji lalaki nu bisa ngungkulan kasaktianana. Kabuktian, nepi ka puput
umur, taya hiji lalaki nu bisa jadi pinunjul saémbara nu diayakeun Nyai Gabug.
Demi saémbara téh, dina raraga milih calon salaki Nyi Gabug. Harita, Nyi Gabug malidkeun
kukuk ka walungan Cilutung. Sing saha nu bisa malikeun éta kukuk, mangka baris jadi
salaki Nyi Gabug.
Tapi taya hiji ogé nu sanggup ngalakukeunana, kaasup Raja Gubangkala, anu
kakoncara boga lebar wawanénna. Nyai Gabug mah, tétéla mampuh malikeun deui éta
kukuk anu dipalidkeun téa. Matak, nepi ka kiwari, pélét Maronggé téh sok
disebut ogé Pélét Si Kukuk Mudik.
Nyai Gabug hirup dina jaman karajaan Mataram, dibarengan ku tilu urang
adina; Setayu, Naibah, jeung Naidah. Adi-adina ogé gareulis. Tapi henteu
sageulis Nyai Gabug.
Écésna mah diguar ku Dadan
Sutisna dina roman "Purnama di maronggé". Kawasna roman beunang nulis Dadan téh hade pisan upama dicétak ku Dinas Pendidikan Jabar, atawa Kabupatén Sumedang.
Pangpangna mah pikeun ngeuyeuban carita sasakala Tatar Jawa Barat. Nepi ka kiwari tacan kungsi aya buku anu ngadadarkeun sasakala Maronggé kalawan
lengkep jeung nyugemakeun.
Keur anu hanaang ku bacaan mah aya hiji buku ukuran anu dikaluarkeun ku Kandepdiknas
Kacamatan Tomo, meunang nulis Agus Kusmarahadi, S.Pd. Eusina ngagambarkeun carita sabéngbatan ngeunaan sasakala Marongge.
Sasakala Maronggé minangka
hiji aset keur kamekaran seni sastra. Sakumaha anu dikedalkeun
ku dosen UPI Agus Suhérman, Roman Purnama
di Maronggé loyog pisan dijadikeun salasahiji bacaan urang Jawa Barat. Ku
ayana kitu, harita Agus Suhérman milih Purnama
di Maronggé minangka pinunjul 1 dina pasanggiri Nulis Roman Carita Rayat
sa-Jawa Barat.***
Komentar