Lirik Tembang Cianjuran - Udan Emas - Kinanti Kaum - Nyoreang Tina Mumunggang



UDAN EMAS
Lagu: Bakang Abubakar
Rumpaka: Etti RS
Bul kukus ngapung ka Bandung
Dalingding ka dayeuh kuring
Nyambuang ka kota urang
Tepiswiring tempat nyaring
Kota Kembang tempat ngarang
Tempat ilham beurang peuting.


KINANTI KAUM
Lagu: Ibu Saodah
Rumpaka: Mang Entip S.


Waas ningal Kota Bandung
Gunung sakuriling bungking
Ngeplak pasawahanana
But bat jalan narik ati
Cikapundung meulah kota
Tutumpakan balawiri.



NYORÉANG TINA MUMUNGGANG
Sanggian: Ida Ahman
Bulan méncrang caang padang narawangan
Nyawang Bandung pangimpungan
Nyoréang mangsa patepang, panutan

Basa urang na mumunggang
Ngundeur deudeuh panineungan
Nganteur rasa nu karaha
Harita patepung lawung
Balaka ngedalkeun rasa
Nu nyangkrung dina implengan

Nyawang Bandung badis dina pangimpian
Ngeplak atra lir ciciptan
Nyaksian galindeng urang, panutan

Nyoréang mangsa patepang
Haté sungkan rék paanggang
Harita diri nyorangan
Pikir lewang luwang-liwung
Ngalangkang dina implengan
Kembang asih duh panineungan.







SAJAK SUNDA - DIBACAKEUN KU EUIS BALEBAT
Bandung bihari ngajirim Bandung kamari
Ngawujud Bandung kiwari
Kota nu leubeut sajarah
Tempat bubuara nu lalunta
Pamungpungan para ilmuwan
Pangancikan para seniman
Pangulinan nu nyacapkeun kalangenan

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post