Sajarah Sumedang Larang - Kungsi Perang Campuh jeung Cirebon Marebutkeun Ratu Harisbaya



Baheula, Sumedang  mangrupa  hiji kerajaan nu ngadeg sanggeus runtuhna kerajaan Padjadjaran. Nungarana karajaan Sumedang Larang kakoncara dina taun 900 nepi ka 1601 masehi.

Karajaan Sumedang Larang nu kahiji,  ngadeg taun 900 masehi, rajana nyaeta Prabu Tajimalela nu puser pamarentahanana di wewengkon  Tambong Agung Darmaraja.

Sedengkeun asal usul Prabu Tajimalela katurunan ti Ratu Komara (Munding Wangi) jeung Batari Resik Puri nu boga anak dua nyaeta Ratu Permana jeung Prabu Guru Adji Patih. Nya ti Prabu Guru Adji Putih, Tajimalela lahir.

Nurutkeun carita, karajaan Sumedang Larang aya kaitanana jeung karajaan Singapura. Sumedang  Larang waktu harita hiji karajaan nu asup ka karajaan Galuh.

Sanggeus karajaan  Sumedang Larang dirajaan ku Prabu Tajimalela tuluy diganti ku anakna nyaeta Atmabrata nu boga gelar Prabu Gajah Agung salaku raja Sumedang Larang nu kadua dina taun 980 masehi pamarentahan di wewengkon Cicanting.

Sanggeus Prabu Gajah Agung tilar dunya diganti ku anakna nyaeta  Wirajaya nu boga gelar Sunan Pagulingan dina tahun 1000 masehi.

Puser pamarentahanana di Cipameungpeuk. Jadi, puser pamarentahanana Sumedang Larang tiap ganti raja pindah, nu boga anggapan lamun tau pindah mawa sial kana karajaan.

Sunan Pagulingan alias Wiraraja boga anak dua nyaeta  Ratu Ratna Asih nu dibere gelar Nyi Mas Rajamantri nu kawin jeung Sri Baduga Maharaja nyaeta Prabu Siliwangi.

Nya ti dinya dadasar raja – raja Sumedang Larang nu langsung turunan ti Prabu Siliwangi. Padahal nurutkeun garis katurunan, Prabu Siliwangi heunteu neteskeun anak  ka Nyi Mas Rajamantri.

Anak nu kadua nyaeta  Mertalaya nu gaganti bapana jadi raja Sumedang Larang nu make gelar Sunan Guling nu puser pamarentahanana di Ciguling.

Sunan Guling tuluy diganti ku anakna nyaeta Tirtakusuma make gelar Sunan Patuakan dina tahun 1200 masehi salaku raja Sumedang Larang nu kalima.

Sunan Patuakan diganti ku anakna nu awewe nyaeta Ratu Sintawati nu make gelar Nyi Mas Patuakan dina taun 1450 masehi.

Nyi Mas Patuakan kawin jeung Sunan Corenda raja Talaga Putra ti Ratu Sirbankencana ti Kusumalaya anakna Dewi Niskala.

Kasebut dulurna keneh jeung Prabu Siliwangi the ngan beda indung. Tapi, tepi ka ayeuna can aya turunan nu langsung ti Prabu Siliwangi.

Sunan Corenda boga dua prameswari nyaeta Mayangsari anakna Langlangbuana ti kuningan jeung Sintawati ti Sumedang.

Ti Mayangsari, Sunan Corenda boga anak awewe ngarana Ratu Wulansari alias Ratu Parung nu kawin jeung Rangga Mantri alias Sunan Parung Gangsu (Pucuk Umun Talaga) anak ti Munding Surya Ageung. Munding Surya Ageung mangrupa salah sahiji anak Prabu Sri Baduga Maharaja.

Dina taun 1939 Sunan Parung Gangsa dielehkeun Cirebon mimiti agama Islam asup ka Sumedang Larang. Sunan Parung Gangsa diganti ku anakna nyaeta Sunan Wanaperih salaku Bupati Talaga.

Nya ku Bupati ieu, Sumedang Larang kabengkeut ka Cirebon. Ti Sunan Wanaperih nurunkeun bupati–bupati Cianjur ti mimiti Aria Goparna jeung Aria Wiratanu.

Ti Wulansari Rangga Mantri aya hubungan darah jeung Prabu Siliwangi jeung bupati-bupati Cianjur ti Serek Wiratanu anak Sunan Goparna.

Prameswari Sunan Corenda nu hiji deui nyaeta Sintawati. Ti nu ieu boga anak awewe nyaeta Styasih nu jadi Ratu Sumedang Larang kalayan gelar Pucuk Umun atawa Nyi Mas Inten Dewata nu puser pamarentahanana di Kutamaya Padasuka. Ratu Pucuk Umun ngawasa ti  taun 1530 tepi ka taun 1578 masehi.

Waktu Ratu Pucuk Umun ngawasa di karajaan Sumedang Larang, aya nu nyebarkeun agama Islam nya eta Maulana Muhammad alias Pangeran Palakaran nyaeta anak ti Maulana Abdurrahman alias Pangeran Panjunan.

Dina taun 1524 Pangeran Palakaran kawin jeung putrid ti Sindangkasih nyaeta Nyi Armilah. ti Pangeran Palakaran, Nyi Armilah boga anak Ki Gedeng Sumedang alias Pangeran Santri nu lahir dina  tanggal 29 Mei 1505.

Sedengkeun Pangeran Panjunan anak  ti Datuk Kahfi jeung Halimah. Halimah nyaeta anak Ali Nurul Halim. Ali Nurul Halim anak Jamaludin Alhusen, Jamaludin Alhusen anak ti Ahmad Shah Jalaludin katurunan generasi ka-17, jadi, raja-raja jeung bupati-bupati Sumedang boh ti garis katurunan Pangeran Santri atanapon Satyasih euweuh hubungan darah jeung Prabu Siliwangi.

Pangeran Palakaran jeung bojona Nyi Armilah pindah ka Sindangkasih. Tuluy Nyi Armilah jadi Ratu Sindagkasih.

Sanggeus Nyi Armilah tilar dunya, Pangeran Santri kawin jeung Ratu Pucuk Umun alias Satyasih anak ti Sunan Corenda jeung Sintawati alias Nyi Mas Patuakan. Nya ti dinya Pangeran Santri jadi  raja di Sumedang Larang dina tanggal 21 Oktober 1530.

Teu lila ti harita bapana Pangeran Palakaran tilar dunya. Pangeran Santri hiji raja di Sumedang Larang nu Pangheulana naggem Islam. Tapi, nu nyebarkeun agama Islam   di Sumedang Larang lain pangeran Santri, nyaeta bapana Pangeran Palakaran  (Malulana Muhammad).

Puser karajanana di Kutamaya Padasuka. Pangeran Santri  tilar dunya dina tanggal 2 Oktober 1579 di Kutamaya, dimakamkeun di wewengkon Gunung Sembung Pasarean di kota Sumedang ayeuna.

Ti Pangeran Santri jeung Satyasih boga anak, sedengkeun nu jadi raja Sumedang Larang nyaeta Pangeran Angkawijaya nu lahir tanggal 19 Juli 1558. sanggeus jadi raja, Pangeran Angkawijaya meunang gelar Pangeran Geusan Ulun.

Pangeran Angkawijaya diangkat jadi raja dina tanggal  18 Nopember 1580 salaku nagara ngadeg tina karajaan Padjadjaran nu eleh taun 1579, nya ngedeg dina karajaan Sumedang Larang.

Dina prasasti Pustaka Kertabumi, anu kieu unina: “Gheusan Ulun nyakrawatti mandala ning Padjadjaran kang wus pralaya, ya ta sirna, sin bhumi prahyangan. Ikang kadatwan ratu Sumedang haneng Kutamaya ri  Sumedang mandala”.

Nu hartina, Geusan Ulun marentah kakawasan di wewengkon Padjdjaran nu geus eleh, nya eta geus runtuh di bumi Parahiyangan. Karaton raja Sumedang aya di wewengkon Kutamaya di Sumedang.

Dina taun 1580, sanggeus eleh Padjadjaran ku karajaan Cirebon jeung Banten, Prabu Geusan Ulun boga Senopati Padjadjaran.

Senopati Padjadjaran  boga harepan keneh yen hiji waktu karajaan Padjadjaran ngadeg deui. Dina tanggal 5 April 1578 para Senopati  Padjadjaran nyaeta Embah Djaya Perkosa, Embah Terong Peot, Embah Kondang Hapa, jeung Embah Nanganan, babarengan mawa mahkota karajaan keur dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun pikeun neruskeun karajaan Padjadjaran nu geus sirna.

Ku Pangeran geusan Ulun urut karajaan Padjadjaran diadegkeun deui kalayan asup ka kawasan karajaan Sumedang larang.

Kakawasan Sumedan Larang nalika dipingpin ku raja Prabu Geusan Ulun meh sakabeh wewengkon Jawa Barat, kajaba Banten, Batavia, jeung Cirebon.

Ti Beulah kulon nepi ka kali Cisadane, ti belah kaler nepi ka Laut Jawa, ti beulah wetan nepi ka kali Cipamali jeung ti beulah kidul nepi ka Samudra Hindia. Kabehna aya 44 kabupatian, sakabeh satuju, turut jeung ngarojong ka Prabu Geusan Ulun salaku raja Sumedang Larang jeung ngaku kana kakawasaan raja Prabu Geusan Ulun.

Dina taun 1584 nepi ka taun 1585 Prabu Geusan Ulun lunta pikeun neangan elmu kaislaman. Anjeuna ngarasa tanggungjawab kana kamekaran agama Islam nu disebarkeun ku bapana Pangeran Santri jeung akina Pangeran Palakaran.

Indit ka Cirebon pikeun ngadatangan Sunan Girilaya, di dinya panggih jeung Ratu Harisbaya prameswari Sunan Girilaya.  Prabu Geusan Ulun jeung Harisbaya silih pikacinta.

Ahirna timbul perang campuh antara karajaan Sumedang Larang jeung karajaan Cirebon pikeun ngarebutkeun Ratu Harisbaya. Prabu Geusan Ulun jeung opat Senopatina mingpin perang kalawan karajaan Cirebon.

Ratu Harisbaya (Foto: historyofcirebon.id)


Dina taun 1585 karajaan Sumedang Larang bisa ngelehkeun karajaan Cirebon. Ratu Harisbaya diboyong dibawa ka karajaan Sumedang Larang. Prabu Geusan Ulun kawin jeung Ratu Harisbaya dina taun 1587.

Prabu Geusan Ulun diganti ku anakna nyaeta Pangeran Suriadiwangsanu disebut Pangeran Seda (ing) Mataram Jawa (Rangga Gede).

Nalika Sumedang Larang dipingpn ku Pangeran Suriadiwangsa (Rangga Gempol I), Sumedang Larang ditalukeun ku karajaan Mataram. Rangga Gempol I jadi raja Sumedang Larang dina taun 1601 nepi ka taun 1625. Ku elehna karajaan Sumedang Larang. Sumedang Larang jadi dua kabupaten, nu puser pamarentahanana di Tegalkalong.

Pangeran Rangga Gempol I ditugaskeun ku Sultan Agung pikeun numpas pemberontak nyaeta Bupati Sampang di Madura. Rangga Gempol I bisa nalukeun Bupati Sampang. Pangeran Rangga Gempol I dipaehan kuayana salah paham diantara karajaan, awakna dikubur di Krasak, sukuna di Lampuyangwangi, sirahna di Banyu Sumurup Imogiri, Jogyakarta, ku sabab mibanda  elmu pancasona. 

Sanggeus Pangeran rangga Gempol I yilar dunya, tuluy diganti ku adina nyaeta Pangeran Rangga Gede Koesumahdinata nu marentah dina taun 1652 nepi ka 1633. Puser pamarentahanana pindah ti Tegalkalong ka Pangrumasan desa Paseh kecamatan Conggeang.

Pangeran Rangga Gede diganti ku putrana nyaeta Pangeran Koesumahdinata alias Rangga Gempol II nu kawin jeung Nyi Mas Toeha turunan ti karajaan Padjadjaran nu marentah dina taun 1633 nepi ka taun 1656.

Puseur pamarentahanana di Tenjolaut. Sanggeus Rangga Gempol II tilar dunya tuluy diganti ku anakna nyaeta Pangeran Panembahan Koesumahdinata alias Rangga Gempol III nu marentah dina taun 1656 nepi ka taun 1706.

Puser pamarentahanana pindah deui ka Tegalkalong. Nya zaman pamarentahan Rangga Gempol III karajaan Banten nu dipingpin ku Cilikwidara nyerang ka karajaan Sumedang Larang dina poe Jumaah  nincak poean Lebaran Idul Fitri di Masjid Tegalkalong.

Nu aya di Masjid Kabah perlaya kajaba Pangeran Panembahan nu bisa lolos tina kepungan musuh. Nyerangna banten ka karajaan Sumedang Larang pas taun Hijrah nabi taun 1089 atawa 18 Oktober 1678 masehi.

Poe eta mangrupa poe kasedih pikeun urang Sumedang. Pikeun pangeling poe eta, Bupati Sumedang Pantrangan lamu Lebaran poe Jumaah. Pangeran Panembahan alias Rangga Gempol III marentah salilas 50 taun jeung wilayahna nepi ka urut karajaan Sumedang Larang.

Pangeran Rangga Gempol III tilar dunya, tuluy diganti ku anakna sacara turun-tumurun. Nu jadi Bupati arawa Wedana Sumedang waktu pamarentahan kompeni Belanda, Inggris, jeung Jepang nyaeta:

  •     Dalem Tanoemadja, Bupati taun 1706 nepi ka taun 1709.
  •     Pangeran Dipati Koesumahdinata, bupati taun 1709 nepi ka taun 1744.
  •     Dalem Istri radjamantri, Bupati taun 1744 nepi ka taun 1759.
  •     Dalem Koesumahdinata (Dalem Anom), Bupati taun 1759 nepi ka taun 1761.
  •     Dalem Adpati Soerianagara, Bupati taun 1761 nepi ka taun 1765.
  •     Dalem Adipati Soeralaga, Bupati taun 1765 nepi ka taun 1773.
  •     Dalem Adipati Tanubaya, Bupati taun 1773 nepi ka taun 1789.
  •     Dalem Aria Satjapati, Bupati taun 1789 nepi ka taun 1791.
  •     Pangeran Koesumahdinata, Bupati taun 1791 nepi ka taun 1828 (Pangeran Kornel).
  •     Dalem Adipati Koesumahyuda, Bupati taun 1828 nepi ka taun 1833.
  •     Dalem Koesumahdinata (Dalem Alit), Bupati taun 1833 nepi ka taun 1834.
  •     Patih Wakil Bupati Tumenggung Soeradilaga, Bupati taun 1834 – 1836.
  •     Pangeran Aria Koesumah Adinata (Pangeran Soegih), bupati taun 1836-1882.
  •     Pangeran Aria Soeria Atmadja (Pangeran Mekah), Bupati taun 1882 – 1919.
  •     Raden Adipati Aria Koesumahdilaga, Bupati taun 1919 nepi ka taun 1937.
  •     Raden Tumenggung Aria Soeria Koesumah Adinata, Bupati taun 1937- 1946.
  •     Raden Tumenggung Hasan Soeria Satjakoesumah, Bupati  taun 1946-1947.
  •     Raden Tumenggung M. Siregar, Bupati taun 1947 nepi ka taun 1949. 


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post