Lirik Kawih Sunda - Bandung Pariwisata





BANDUNG PARIWISATA
Lagu: Yoyo RW
Rumpaka: Etti RS



Pariwisata nu mashur di Kota Bandung
Kota seni puseur dayeuh Tatar Sunda
Kota Budaya kawentar ka unggal bangsa
Kota mode katelah Parisj van Java

Pariwisata nu mashur di Kota Bandung
Kota éndah matak betah anu nyémah
Kota Sajarah simpay Asia-Afrika
Kota Kembang sohor ka mancanagara

Duh Kota Bandung sing nanjung
Sangkan rahayat kajungjungFharit
Duh Kota Kembang sing manjang
Nu nganjang pada senang.


Pariwisata nu sohor di Kota Bandung
Kota Seni puseurna para seniman
Kota Kreasi gelarna seni linuhung
Saung Angklung, Galeri jeung Jaipongan

Pariwisata nu sohor di Kota Bandung
Pangulinan tempat rupi katuangan
Puseur balanja nu rasmi tur narik ati
Tumaninah matak betah anu nyémah

Yu macangkrama ka Bandung
Ningtrimkeun pikir jeung bingung
Yu macangkrama ka Bandung
Mun gandrung ulah pundung

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post