Lirik Tembang Lembur Kuring - RTA Sunarya




LEMBUR KURING
Sanggian: RTA Sunarya



Na dimana, na dimana lembur kuring
Di nu anggang pagunungan
Ngenes ngangres duh tibelat nya pipikiran
Matak waas jeung kagagas
Ari ras émut ka lembur
Andon suka jeung nalangsa
Pangabetah pangulinan
Ka bali geusan ngajadi
Pulangkeun kuring pulangkeun
Pulangkeun ka balé pulang
Lemah cai dunungan da geusan betah

Lembur matuh, naha atuh
Milih Bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala Sangkuriang
Kalingkung ku gunung-gunung
Gunung Cupu mandala ayu
Hayu sindang ka Sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan.



SAJAK (Dibaca ku Euis Balebat)
Sabada Daendells nancebkeun patok sisi walungan Cikapundung
Didinya ngababakan hiji lembur
Dina léngkob Sumur Bandung
Ngarekahan jadi lembur pamatuhan
Panyileukan nu lalunta
Panglejar nu keur wuyung
Nu gandrung nu kapirangrung
Nya ngajanggélék jadi dayeuh nu heurin ku tangtung

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post