“Getih Gaib” Dede Yusuf - Turunan Eyang Cakranagara

Dede Yusuf, dina acara Nyangku di Panjalu (Foto: Dhipa Galuh Purba)


Catetan DHIPA GALUH PURBA

LOBA artis nu ngadu nasib ancrub ka dunya pulitik, tapi henteu kabéh anu bisa ngahontal kasuksésan.

Dédé Yusuf kaasup artis nu nyongcolang diantara artis-artis nu neuleuman pulitik. Kungsi kapilih jadi Wakil Gubernur Jawa Barat, mangrupa hiji bukti yén rahayat Jawa Barat hususna, ngarasa percaya yén Dédé bisa ngurus nagri ngolah nagara.

Ngaran aslina Yusuf Macan Effendi, lahir di Jakarta, 14 September 1966. Kunaon bet dingaranan “Macan”? Tangtu baé moal sapati-pati dingaranan “Macan” lamun taya harti nanaon.

Dina sawatara sumber disebutkeun yén sasakala ngaran “Macan” téh ku ayana kasuksésan Rahayu Éféndi basa maén dina film “Macan Kemayoran”.

Harita filmna suksés, tur antukna Rahayu Éféndi ngagunakeun ngaran “Macan” ka putrana anu lahir sabada suksésna film “Macan Kemayoran”.

Ngaran “Macan” geus leuwih tiheula nuduhkeun kagagahan Dédé anu mémang kiwari jadi kanyataan.

Tapi aya ogé kamungkinan  mun ngaran “Macan” nuduhkeun karuhun Dédé Yusuf anu kakara kaguar sawatara waktu kaliwat.

Nurutkeun Ikin Susanto, sekertaris Yayasan Boros Ngora, Dédé Yusuf téh tétéla turunan pangagung karajaan Panjalu, sabada dicukcruk luluhurna kalayan gemet ti pihak ibuna, Rahayu Éféndi.

Dédé téh turunan Cakranagara, nu makamna di Kampung Simpar, Désa Panjalu, Kabupatén Ciamis. Karajaan Panjalu mibanda simbul maung, tug nepi ka caritana jadi legénda: Maung Panjalu.

Lumrah pisan lamun Dédé dingaranan “Macan”. Saméméh Dédé Yusuf nyalonkeun jadi wakil gubernur Jawa Barat, kungsi ngahajakeun nganjang ka Panjalu, pikeun ngaluuhan acara adat nyangku.

**

Dédé Yusuf  téh putra kadua  pasangan Rahayu Effendi – Ir. Tammy Éféndi (alm). Ari Rahayu Éféndi téh asalna mah saurang penari di Istana Bogor jeung Pramugari Garuda, anu saterusna alih profési jadi béntang film kira-kira taun 1965. Mimitina  kulawarga Dédé téh nganjrek di imah akina, Roestam Effendi (bujangga prosa angkatan 45).

Mangsa umur Dédé kakara 8 taun, kolotna pepegatan. Dina kondisi siga kitu,  gedé pisan pangaruhna kana kondisi psikologi Dédé. Harita Dédé jadi budak bangor nu karesepna gelut.

Pikeun nyalurkeun karesepna, Dédé  diasupkeun kana paguron penca silat Al-Azhar (1976-1980). Kilang kitu, aya pangaresep Dédé  nu kawilang positif, nyaéta resep maca.

Ieu pangaresep nu antukna mangaruhan Dédé mibanda cita-cita hayang jadi manusa super siga Batman atawa Superman.

Ku pepegatanna indung-bapa Dédé Yusuf, ngalantarankeun Dédé diajar hirup mandiri.Dina umur 10 taun, Dédé geus bisa néangan duit surangan ku cara nyéwa-nyéwakeun buku komik.

Harita Dédé sakola di SD Budi Waluy, Jakarta (1972 – 1978). Mangsa diuk di bangku SMP Budi Waluyo Jakarta (1979 -1981), Dédé miluan program weight training ala idolana, Arnold Schwarzenegger.

 Antukna pangawakan Dédé jadi sembada, jangkung luhur simbar dada. Malah Dédé ogé lain baé milu latihan silat, da  rupaning jenis olah raga béla diri kungsi diajar, saperti Karaté, Kungfu “Gerak Langit” (1980-1981), Kémpo, Jujitsu, jeung Taekwondo “Persada Club” (1981-1999) anu kungsi nepi ka tingkat DAN-IV Kukkiwon (fourth Dan). Dédé neruskeun sakola ka SMA Negeri VI Jakarta (1981 – 1984), sarta kungsi kuliah  di Teknik Industri, Universitas Trisakti Jakarta.

Puguh baé Dédé ogé kungsi miluan tandang dina kompetisi bela diri, ti mimiti tingkat kajuaraan cabang nepi ka tingkat nasional, kira-kira antara taun 1982 nepi ka 990. Tina tandangna, Dédé  kungsi jadi Juara Nasional Taekwondo kelas ringan dina taun 1984 jeung kelas ringan-berat taun 1988, anu antukna Dédé  kadaftar jadi tim nasional Indonesia.

Ku resepna kana olahraga béladiri, Dédé ogé kungsi ngalatih béladiri di sababaraha dojo/ dojang, tug nepi ka ngadegkeun paguron béladiri Taékwondo saperti Sembrani Club, BRI club, SMA 6 club, Pangudi Luhur Club, jsté.

Malah panggih jeung pijodoeunna ogé basa Dédé ngalatih Tae Kwon Do di SMA Tarakanita. Harita pisan Dédé wawanohan jeung Séndy Ramania Wurandani, anu waktu éta Séndy jadi Mayorette/Field commander ti Drum Band Tarakanita. Dédé jatukrami jeung Ir. Sendy Ramania Wurandani dina  awal taun 1999.

Getih Seni
Getih seni ti Rahayu Éféndi ngahudang kahayang Dédé pikeun ancrub ka dunya film. Dédé hayang jadi bintang laga siga Bruce Lee atawa Chuck Norris, tug nepi ka Dédé miluan sawatara késting.

Basa ditanggap pangalamanna ku TV-One sawatara waktu kaliwat, Dédé kungsi nyaritakeun lalampahanna jadi pamaén figuran dina fil anu peran utamana Barry Prima, George Rudy, jeung Advent Bangun.

Hanas geus ngabéjaan sobat-sobatna, ari pék dina émpro dilalajoanan saukur muncul sababaraha detik. Tapi Dédé henteu peunggas harepan. Dédé terus berjoang di dunya film, anu antukna aya kasempetan  maén dina taun 1986, minangka anu munggaran jadi pemeran pembantu dina film “Catatan Si Boy” (disutradaraan ku Nasri Cheppy).

Sanggeus merankeun tokoh Andy dina “Catatan Si Boy”, Dédé beuki kapaké tur leuwih mindeng  maén film. Dédé kapaké deui dina “Catatan Si Boy II” (1988).

Saterusna maén dina film “Biarkan Aku Cemburu” (1988),  “Perwira dan Ksatria” (1990), “Badai Laut Selatan” (1991), “Badut-Badut Kota” (1993), jsb. Dédé ogé maén dina  sérial télévisi, saperti merankeun tokoh Jojo dina serial “Jendela Rumah Kita” (TVRI, 1989-1992), “Jalan Membara”(1994), “Jalan Makin Membara” (1996), “Sapu Jagad” (2000), jsb.

Saterusna, kira taun 1992, Dédé diajakan ku Ani Sumadi pikeun mandu kuis “Tak Tik Boom” anu kakoncara tur nempatan papan atas réting télévisi salila 6 taun (1992-1998).

Dédé ogé kungsi jadi presenter Russian Roullette (2003), Chance Of A Life Time (2004), jsb. Ngaran Dédé beuki kakoncara, tur antukna kapaké jadi bintang iklan sawatara produk, di antarana Tira Jeans, Homy Ped, Bosowa Motor, Green Sands, Suzuki, Yakult, Bodrex, jsté.

Sajabana ti jadi pamaén, Dédé ogé kakoncara jadi sutradara punjul. Dédé kungsi nyutradaraan film “Reinkarnasi” (2000), anu suksés dilélér pangajén minangka Film Laga Terpuji Festival Film Bandung 2000. Dédé ogé kungsi meunang pangajén Piala Vidia Madya-FFI 1994,  tina cerita sérial “Sepeda Anak Pak Uztad”.

Ancrub Kana Pulitik
Munggaran ancrub ka dunya pulitik téh basa Dédé jadi pangurus pusat Kosgoro, taun 1992. Tapi harita mah tacan panceg, lantaran Dédé  masih kataji ku dunya film, anu nganteurkeun Dédé  maju jadi kandidat Ketua Umum PARFI (Persatuan Artis Film Indonesia).

Harita anu unggulna Sys NS, demi Dédé nempatan posisi salaku Sékjén PARFI.  Tapi ahirna Dédé ngécagkeun kalungguhanna ku alatan kasibukanna.

Saterusna Dédé jadi calon legislatif ti PAN pikeun daérah pemilihan Jabar IX (Kuningan-Ciamis-Banjar). Dédé kapilih jadi Anggota Legislatif pikeun masa jabatan 2004-2009, kalayan nempatan Komisi VII, anu ngabidangan Energi, lingkungan Hirup, Minyak jeung Gas, sarta Ristek.

Taun 2008 Dédé kapilih jadi  Wakil Gubernur Jawa Barat. Lima taun ti harita, Dede nyalon jadi Gubernur Jabar, tapi gagal bersaing jeung Ahmad Heriyawan. Saterusna Dede Yusuf nyalon jadi Anggota DPR-RI ti Partai Demokrat.***(Maruta Bayu/ Dirojong ku sawatara sumber)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post