Lia Refany - Penyanyi Lagu Layung Situ Panjalu

Lia Refany (Foto: Istimewa Panjalu.Net)




Lia Refany, ngaranna geus teu bireuk deui di palataran pop Sunda. Nepi ka kiwari, lagu-lagu anu digalindengkeun ku Lia Refany, masih kénéh dipikaresep ku balaréa. Diantarana sawatara lagu anu aya dina album rekaman "Saukur Cimata", Produksi Valentino Jaya Abadi. Saterusna album "Ras Ka Diri", anu diantarana aya lagu "Layung Situ Panjalu", Produksi Ekspresif Entertainment.



Dina sapopoéna Lia, atawa Dr. Lia Rohlia mémang henteu murni ngahususkeun diri di dunya nyanyi pop Sunda. Aya kasibukan séjén anu merelukeun kadisiplinan jeung tanggungjawab. Lia ngajar di SMA BPI 1 Bandung.


Lia oge kungsu siaran di Radio Antassalam FM jeung Radio Kencana FM. Tapi kulantaran  jadwal ngajarna leuwih padet, ahirna Lia milih fokus ngajar, ninggalkeun dunia broadcast.


Lia Refany lain kakara ayeuna-ayeuna mikaresep dunya nyanyi téh. Ti leuleutik ogé geus kataji pikeun diajar nyanyi. 


Kilang kitu, ari cita-cita anu utamana mah hayang jadi guru. Lia henteu milih ngaguruan kasenian, da anu diteuleumanna PKn. Nya, antukna nepi ka kiwari Lia mancén jadi guru PKn.


Perkara nyanyi, najan enya ogé mangrupa pangaresep, tapi diteuleuman kaitung daria. Tug nepi ka antukna Lia bisa nembus ka dapur rékaman.  



Hayang bisa rékaman album téh jaman harita mah kaitung hésé. Lia ngalakonan prosés anu panjang jeung kudu ditebus ku kauletan jeung kadariaan. 



Mimitina, taun 2002, Lia miluan jadi patandang Bintang Radio tingkat Jabar, anu digelar di RRI Bandung. 



Lia kapilih jadi pinunjul kadua. Sataun ti harita, Lia miluan pasanggiri pop Sunda anu diayakeun ku Yana Kermit Production jeung Asmara Record. Dina éta pasanggiri, ieu guru anu soméah téh kapilih jadi pinunjul kahiji.


Sanajan geus jadi pinunjul dina dua kali pasanggiri, tapi tacan bisa nganteur Lia ka dapur rekaman. Kilang kitu, Lia mah apan saukur nganteur pangaresep téa. Jadi, sugema baé rék kumaha ogé. Malah dina taun 2003 mah bisa jadi minangka taun hadé pikeun Lia, sabab bisa nyangking juara nyanyi dina sawatara pasanggiri. 



Diantarana pinunjul 1 lomba nyanyi dina acara milangkala kota Bandung jeung kapilih jadi pinunjul 1 bintang Radio Jawa Barat 2003. Malah dina lagu dangdut ogé, Lia kungsi jadi pinunjul 1 dina acara Hardiknas.




0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post