Rumpaka Kawih NYAWANG BULAN



NYAWANG BULAN
Juru Kawih: Kania Pujasari, Iom Kurniasih & Setra Pramudita

Ciptaan: Hj. Siti Rokayah

Bulan nganteng na kaca jandéla
ngawaskeun nu ngumbar cimata
bulan nganteng nembrakeun cahyana
anjeun jonghok jeung keclak cimata

Duh… bulan ku matak keueung
haté téh teu daék ludeung geuning
bongan jangji nu kamari
pasini nu hamo ngajadi

Bulan masih ngangkleung dina kamalirna peuting
Bulan masih ngangkleung marengan rasa katineung
Bulan masih ngangkleung dina kamalirna peuting
Bulan masih ngangkleung marengan rasa katineung

Bulan nganteng henteu miroséa
Ka nu keur nandang tunggara
bulan anteng na kaca tunggara
galindeng haté marengan

Duh… bulan ku teungteuingeun
téga temen kaniaya geuning
lalakon anu kamari
némbongan, duh… matak keueung

Bulan… harianeung
mawa carita baheula
Bulan… harianeung
nambahan raheutna haté

Bulan… harianeung
mawa carita baheula
Bulan… harianeung
nambahan raheutna haté

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post