Rumpaka: Wahyu Wibisana
Sanggian: Mang Koko
Mun sareupna geus mimiti
katémbong nyimbutan Bandung
angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung, Bulan beukah
Mangkat hiji lagu, kedaling katineung ati, aduhhh…
Mun karéta pangakhirna geus anjog ka kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung, Béntang mijah
Ngaleu hiji lagu, kedaling kasmaran pikir, aduhhh…
Haréwos peuting marengan hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagentraan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya Eulis
duh angger biru
Mun radio geus karungu nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora anca halon, pileuleuyan
Peuting cicing, Kota jempling
Jerit hiji lagu, kedaling kakeueung haté, deudeuh…
Mun balébat gagantina geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan, muru Lémbang
Bulan surup, Langit Biru
Tamat hiji lagu, harepan tembong ngalangkang, aduh…
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit bandung, nyaksian
Wawakil ti pameunteuna, panineungan
Kembang mawar angger beureum, nya Eulis…
Da angger beureum
Mun sareupna geus mimiti
katembong nyimbutan Bandung
angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung, Bulan beukah
Ngaleu hiji lagu, kedaling katineung ati, aduhhh…
Mun karéta pangakhirna geus anjog ka kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung, Béntang mijah
Ngaleu hiji lagu, kedaling kasmaran pikir, aduhhh…
Haréwos peuring marengan hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagentraan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya Eulis…
duh angger biru
Bandung, 15 September 1960
Komentar