Carita Banyol: Apél Bulan Puasa

Carita Banyol, Serial Don't Cry For Me Cigorowék

DHIPA GALUH PURBA


NUMPAK beus téh karasana mani lila-lila teuing. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat ku sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manéhna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk ogé geus teu kuat nandangan hanaang cikopi jeung udud. Baé lah, rék indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong ogé, ari musafir mah puasana bisa dikodoan.
Najan lembur manéhna aya di pasisian kota, tapi ari ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang. Néng Arin, kembang Ciméndong anu ménor, nu kabayang unggal mangsa wanci beurang, kaimpi-impi unggal wanci janari.
“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung gigireun kuring bari leungeunna ngasongkeun karcis.
“Aduh, punten hilap, kang,” témbal téh bari buru-buru muragkeun roko. Dikekesek ku dampal sapatu, sanajan lebar pisan da panjang kénéh. Sakur penumpang dina jero beus, panonna mani tamplok marelong kuring. Komo wanoja anu diuk gigireun mah katingalina téh mani ijideun naker. Untung wé rupana teu pati pikabitaeun keur rada dioconan.
“Kabiasaan tara saum rupina mah nya?” Tanya wanoja anu diuk gigireun téa.
“His… sembarangan! Nembé ayeuna batal téh. Kapaksa éta ogé, pédah bade nyaba rada tebih, sok kambuh mag pami lami-lami dina kandaraan bari henteu nyesep téh…” témbal téh sakeunana.
“Muhun, lebar ku gagahna. Da saupamina sok saum bari lagas kénéh mah, bade dikenalkeun ka rayi abdi…”
“Oh kitu? Sabaraha taun yuswa rayi téh? Damelna dimana? Gaduh potona, teu?” rada curinghak.
“Moal diwartos-wartos, sieun si aa-na tos rimbitan, hawatos didamel nu kadua mah. Nu jelas, rayi abdi mah rarayna mirip Luna Maya, jangkung, didamel di bank, jaba yuswana nembé 22 taun…”
“Ih, sing wanton kabéntar gelap, teu acan gaduh kabogoh-kabogoh acan abdi mah. Mangga wé uningaan KTP abdi…” cekéng téh bari kusiwel ngodok lokét tina pésak, tuluy nyabut KTP. Song, dibikeun ka éta wanoja. Gap, KTP ditampanan, tuluy diilikan kalayan daria.
“Ari damelna dimana? Geuning seratanna mung wiraswasta? Icalan aa téh?” tanyana.
“Upami dipercanten mah abdi téh kontraktor. Ngahaja ayeuna numpak beus, margi hoyong nengetan jalan sapanjang Bandung-Ciamis. InsyaAlloh sakedap deui abdi dipercanten kanggo ngagarap proyék jalan tol Bandung-Ciamis…”
“Wah hébat atuh. Keun, engké urang wartoskeun ka rayi abdi. Aéh, saha nami téh?” tanyana deui.
“Abdi wasta Pun David Steven Yudhoyono. Upami dipercanten mah Pa SBY téh pun emang. Apan pun bapa mah ti Jawa, upami pun biang aslina ti Barcelona, Spanyol…”
“Oh, hébat pisan atuh aa téh. Keun, engké disaurkeun ka rayi abdi nya. Aéh… bade lungsur dimana ayeuna?”
“Abdi mah bade lungsur di Pamoyanan baé, kumargi bade ngabujeng ka Panjalu heula, bade milarian padamel …”
“Padahal pami bade ka Panjalu mah mending naék mobil élep BP, langsung ka Panjalu éta mah…”
“Mending naék beus atuh. Margi… upami numpak élep mah teu acan tangtos pendak sareng pirakaeun…”
Manéhna teu némbalan, tibang imut wé bari mangpengkeun teuteupna ka jungkrang nu lungkawing di Jalan Gentong. Sababaraha menit deui ogé, beus bakal anjoh ka Pamoyanan. Enya, bareng pisan jeung adan lohor, beus anjog ka Pamoyanan. Kuring amitan ka éta wanoja, bari tuturubun turun. Kéclak, naék ojeg. Biur, maju. Najan ojég téh majuna kawas sireum, tapi teu burung nepi ahirna mah. Hareupeun hiji imah anu ditingker balong, motor téh dierém sakaligus, méh baé sirah kuring tijeduk kana helemna.




Néng Arin jeung dua kolotna, ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka urang Bandung. Bubuhan ari ti kota mah, sok aya kasebutna ménak jeung laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun dina lokét kuring, ukur aya duit saongkoseun bulak-balik.
“Saum atanapi henteu?” bapana Néng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.
“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan goréng hareupeun calon mitoha mah.
“Bageur pisan si Asép mah. Padahal ti Bandung ka dieu téh sakitu tebihna. Tangtosna ogé capé,” pokna deui, bari nembongkeun imutna. Atuh irung ogé mani asa rék ngapung. Dipuji ku pimitohaeun téa lain bantrak-bantrakeun.
“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring bari ngarérét kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapaké.
“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna bari némbongkeun pasemon anu bear marahmay. Siga anu beuki atoheun duméh piminantueunana kaciri jalma soléh. Piraku mun kuring GR mah apan.
Solat lohor téh ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Arin. Sarareungit, matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu nengetan heula céngcéléngan Néng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Arin dijieun sajak.
Kurang leuwih satengah jam, kuring kakara kaluar deui ti kamar Néng Arin. Sarung jeung kopéah masih kénéh dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa, bari rada gegerenyeman. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Néng Arin jeung indungna ogé keur paciweuh nyiapkeun kadaharan.
“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah da geus dua poé ogé aya halangan. Matak, euweuh nu puasa,” ceuk bapana Néng Arin bari nyerebungkeun haseup udud.
“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring bari rada ngélémés. Sangu ngebul jeung goréng lauk, ukur waasna wungkul. Tada teuing nikmatna. Hanjakal pisan, geus kagok ngaku puasa. Ari rék milu dahar, sok sieun jadi teu kapaké. Antukna mah, kapaksa kuring ngan ukur diuk dina korsi, bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan. Komo basa indung-bapana Néng Arin mimiti balakécrakan.
*
Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé, kuring teu kagoda ku kadaharan atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti jam 11. Puguh baé, Néng Arin sakulawarga beuki reueus baé ka kuring kacirina téh. Dahareun keur buka puasa disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sop buah, sangu haneut, goréng lauk, sambel, jeung sajabana.
Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé aya sora motor anu eureun ti lebah buruan. Néng Arin gura-giru ka luar. Malah teu pati lila, manéhna ngagorowok rada tarik.
“Mamah, aya Si Bibi ti Bandung…!” kituna téh mani ocrak pisan. Bapana ogé buru-buru milu kaluar.
“Na jam sabaraha ti kota?” kadéngé bapana Néng Arin tumanya ka nu anyar datang.
“Ari datang mah geus tibeurang mula. Ngan tadi téh ngabuburit heula ka Tasik, meulin baju jeung nganjang ka babaturan…” kadéngé aya sora awéwé némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy ngalieuk. Bréh…gebeg. Reuwas kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian wanoja anu diuk gigireun kuring basa dina beus kota. ***
Ranggon Panyileukan 1422 H

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post