Carita Banyol - Gogoda Udud di Bulan Puasa




Carita Banyol Serial Bintang Cigorowék

DHIPA GALUH PURBA 


UDUD téh minangka hiji gogoda anu pangbeuratna dina ngalakonan puasa. Kitu sotéh husus keur lalaki atawa awéwé anu geus kacanduan udud. Da ari anu teu beuki udud mah, piraku nepi ka batal puasa lantaran hayang udud, asa kabina-bina teuing. 

Leupas tina mahal atawa murahna harga udud, nu écés mah loba jalma anu puasana batal alatan teu kuat nahan hayang udud. Teu anéh upama loba suhunan imah atawa warung, anu ngadadak mulek ku haseup dina wanci beurang.

Teuing kumaha atuh nyanghareupan jurig udud téh. Sanajan dina cangkangna aya "peringatan teuas (keras)", tapi angger wé kalah beuki loba anu kacanduan. Teu di mana, teu di mendi, sok aya wé nu udud téh.

Asa aya bener ceuk anu ngabanyol dina sosméd. Cara nyangahreupan corona mah kudu loba diajar ka tukang udud. Ilikan wé sanajan saban usik ditéror ku rupa-rupa peringatan "rokok membunuhmu", hih da santéy wé nyerebung bari ngopi.

Kaasup bebenyit pantar Si Buruy ogé, da kana udud téh geus nyandu. Basa diélingan ku Néng Lina ogé, ngajawabna téh basajan: "Saur Ustad Aday ogé, urang kudu rajin solat, saméméh disolatan ku batur. Atuh dina udud ogé teu pati bénten, urang kudu rajin udud, saméméh diudud…" teu kebat nyaritana téh, da kaburu dibalédog ku jojodog. Mun teu ngelok bari ngabecir mah kawasna bakal dicehcer ku Néng Lina.

Dina bulan puasa ayeuna, tukang udud di Cigorowék geus aya sababaraha urang anu digarotong ka puskesmas. Mang Winta anu munggaran dibawa ka puskesmas. Apan éta téh mimitina mah alatan udud.

Ari puasa hayang tamat, tapi jurig udud ngagoda. Tungtungna mang Winta adug lajer dina kasur, bari ngagesekan biwirna ku ramo-ramo leungeun. Beuki lila, beuki tarik, nepi ka biwir Mang Winta jeding. Puguh baé reuwas, sabab basa dur magrib téh teu bisa dahar-dahar acan. Boro-boro nepi ka bisa udud.

Si Buruy mah komo deui. Basa keur dahar dina usum saur, teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Nepi ka waktuna imsak, hayuh baé udud. Ari dahar mah kawas anu poho baé. Malah geus liwat imsak ogé ududna kawas anu can seubeuh. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna teu pati béda jeung Mang Winta, digotong ka puskesmas.

Poé ieu ogé anu kapapatenan téh nya Lurah Ukar. Sarua ieu ogé, anu jadi cukang lantaranna téh taya lian perkara udud. Lurah Ukar sirahna ngajarendol ampir sagedé endog hayam. Memang asa kurang nyambung puguh gé, tina udud kana bancunur sirah. Tapi da keukeuh, ceuk pamajikanana téh, Lurah Ukar cilaka alatan udud. Jang Isud ogé katingalina téh pati loba tatanya. Pangpangna mah sieun nyigeung haténa. Kuriak teu meunang apél deui ka Néng Lina.

Bubuhan ka rumah sakit téh rada anggang. Atuh kapaksa, Jang Isud nyarter mobil angkot. Bélaan keur mayarna mah ngéclok heula ka warung. Sieun teu kapaké téa ku pimitohaeun.

"Badé ka rumah puskesmas, A?" supir angkot tumanya bari ngidek pedal gas.

"Muhun," témbalna Jang Isud bari ngarérét. Horeng supir téh keur udud.

"Teu saum, Kang?" tanya Jang Isud.

"Henteu puguhan. Sanés kunanaon, abdi mah upami nyupiran bari teu nyesep téh, sok janten tunduh. Matak, batan nyilakakeun muatan mah, abdi maksakeun teu saum," témbalna kalem pisan.

"Kumaha, Mang? Maksakeun?"

"Muhun, abdi téh maksakeun wé henteu saum, batan nyilakakeun panumpang…" témbalna deui.

"Ari kedahna mah Emang téh saum. Da ari bagja cilaka mah, teu aya patalina sareng udud. Urang kudu percaya, yén jodo, pati, bagja sareng cilaka, aya dina tangan Gusti Nu Maha Suci."

"Keun wé atuh, geureuhan teuing, Jang. Nu udud aing. Mun doraka ogé, tangtu aing nu nanggungna. Nu meuli da aing, teu ménta duit ka didinya. Rék naon didinya?" supir téh rada muncereng ka Jang Isud.

Atuh puguh Jang Isud kasigeung. Pangpangna mah apan di aya Néng Lina dina mobil. Tada teuing wirangna, lamun teu bisa ‘males pati’.

"Hih... bangkawarah pisan ieu mah dipapatahan téh! Kalah ngalawan siah, kéhéd! Aing mah méré nyaho wé, belegug!" Jang Isud nyentak.

Cekiiit! Mobil dierém sakaligus. Sirah Jang Isud ogé tidagor kana kaca nepi ka buncunur. Blak, panto dibuka ku supir. Jrut turun bari ngarawel leungeun Jang Isud. Teu antaparah deui, jorélat, jebréd, habek, ebrod! Jang Isud dicehcer. Bangkieung, guprak. Jang Isud teu boga kasempetan pikeun ngabales.
*

NU dirawat di puskesmas téh jadi duaan, nyaéta Lurah Ukar jeung Jang Isud. Anu jadi marga lantaran pangna dirawat téh, duanana ogé sarua alatan tina udud. Antukna saréréa jadi ngarti, antara udud jeung buncunur sirah téh raket pisan patula-patalina.

Komo ninggang ka Jang Isud mah, sajabana ti buncunur téh, ditambah ku baloboran getih sagala. Hiji ‘Penemuan panganyarna’ dina dunya paélmuan: Rokok Dapat Neunggeulan Silaing!***

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post