Iis Sugiarti - Biduan ti Panjalu Nu Kungsi Manggung di Dunya Musik

Iis Sugiarti



Loba artis-artis anyar anu hayang ngundakeun komara dina dunya selebritis. Kaasup para artis senior oge, satekah polah meberkeun aweuhanna sangkan leuwih dipikawanoh ku balarea, boh ngaliwatan nyanyi atawa maen sinetron.

Tapi naha Iis Sugiarti  kalah milih pangsiun? 

"Bade ngawawancara naon ka abdi? Da ayeuna mah tos abdina oge tos sanes artis deui." Kitu ceuk Iis Sugiarti basa ditepungan di padumukanana.

Mimitina Iis mugen diajakan ngawangkong ngeunaan carita suksesna sawatara taun katukang. Malah Iis kalah nuduhkeun artis-artis ngora anu kiwari keur meujeuhna naek daun.

Tapi ahirna mah, Iis  Sugiarti jadi leah. Bari nembongkeun paromanna anu marahmay, Iis mimiti ngumbar panineunganna, basa taun 1980-an kungsi jadi deugdeug tanjeuran dina widang nyanyi.

Sajabana ti ngalahirkeun para pangusaha beusi anu sarukses,  Panjalu oge jadi pamiangan hiji artis anu kasohor. Iis Sugiarti, penyanyi aliran musik pop anu sawatara taun katukang kungsi ngageunjleungkeun blantika musik nasional.

Ngaliwatan lagu munggaranna 'Di sini Aku Menanti' ciptaan: Obie Mesakh, bisa nganteurkeun Iis kana daftar artis Indonesia. Malah bisa disebutkeun satata jeung artis-artis sejenna, saperti; Betharia Sonata, Nia Daniati, Iis Sugianto, jeung sajabana.

Sakumaha anu samemehna kungsi dicaritakeun ku salah sahiji guruna, di SMPN Panjalu-Ciamis, Iis Sugiarti memang boga bakat alus dina dunya olah vokal. Sajabana ti boga rupa hade, katambah sorana anu halimpu.

Upama kabagean nyanyi di jero kelas, haleuangna Iis Sugiarti sok ngajadikeun gantung dengeeun sarerea. Hanjakalna, harita teh Iis can manggihan jalan pikeun nyalurkeun bakatna.

Sanggeus ngarengsekeun sakolana SMA, kira taun 1985, Iis kakara bisa manggih jalan keur nuju ka dapur rekaman. Barang produser ngadenge sora Iis, harita keneh oge ieu pangais bungsu ti genep sadulur teh diasongan kontrak nyanyi ku Noor Record. Atuh hasil albeumna oge bisa dipikaresep ku balarea. 

Iis Sugiarti dipikawanoh minangka artis ibu kota anu kakoncara. Lagu-laguna remen dijieun albeum pilihan, dihijikeun jeung lagu para penyanyi sejenna.

Ieu penyanyi kelahiran 14 Agustus 1965 kiwari geus eureun tina aktivitas nyanyina. Kira-kira taun 1995, Iis Sugiarti milih pangsiun tina nyanyi, bareng jeung albeum pamungkasna anu dijulan 'Sakit Hati'.***(DGP)

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post