Lirik Kawih Jalan Braga - Karya Nano. S




JALAN BRAGA
Sanggian: Nano  S.

Jalan Braga, jalan intelék
Tidak boleh masuk keréték
Béca, roda, bémo, honda jalanna muter
Ter datang ti kalér, dur kaburu lieur


Jalan Braga mobil plat beureum
Perhiasan emasna reunceum
Tahan harga jaga géngsi meuli tarasi
Duh kukurilingan, har teu beubeunangan


Jalan Braga tempat shopping jalma gedé
Soal harga éta mah soal sepélé
Tongtonan nu gratis pamér mode nu gareulis
Gulak gilek ucad-aced
Nu nénjokeun panas tiris.

Jalan Braga tetep teu robah
Teu galider tahan sajarah
Gunta ganti henteu niru cara nu séjén
Duh jalan nu patén, héy jalan konsékwén

Jalan Braga heurin ka gigir
Satengahna béak ku parkir
Pareng macét lalu lintas, hésé rék mundur
Tuh baeud nu ngatur, keun wayahna sabar

Jalan Braga jadi jalan kelas hiji
Jadi catur pangimpian urang sisi
Pusat perdagangan urat nadi Kota Kembang
Pageuh kuat Jalan Braga dirojong ku balaréa.


Sajak
Sihoréng talaga Bandung
Namperkeun rupaning angen-angen
Ngocorkeun sarwa lalakon
Nu ngaruntuy ti luluhur
Nu ngarantay ka rundayan unggal jaman
Mageuhkeun kateuneung
Natratkeun kanyaah ka tanah nu léah
Ngamparkeun sajarah


0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post