PILEULEUYAN DAYEUH BANDUNG
Sanggian: Yoyo Risyaman
Pileuleuyan dayeuh Bandung
Nu dikantun ulah ngungun
Sapunyéré pegat simpay
Paturay ngan saliwatan
Cunduk waktu rék papisah
Siliwangi kudu hijrah
Nyangga pancén sukalilah
Asal nagri tong diranjah
SAJAK
Siklak sikluk dayeuh Bandung
Éstuning ngandung pangirut
Ngawujud dina dangding
Nataan kaayaan raray kota
Gunung-gunung, tutuwuhan, léngkob, pasir jeung sasakala
Teu weléh mapaésan kaéndahan kota
Kaasup kaéndahan rasa cinta
Komentar