Lirik Lagu Pop Sunda Midangdam - Lia Refany



Lia Refany
MIDANGDAM
Cipt. Kang Inoy

Na di mana diri anjeun
nu lawas teu aya deui nepangan
kunaon teu aya deui jol sumping
boa anjeun tos lali ka diri abdi

mun peuting pikir téh gering
batin ceurik lumengis nandang kasedih
nalangsa midangdam diri salira
kamana mun lunta kudu néangan

hiliwir angin peuting ngadalingding
ngusapan ka diri anu keur kingkin
cimata nu ragrag jadi saksina
teungteuingeun anjeun téh bet téga cidra

ceuk béja… anjeun geus boga nu lian
kaiwat ku kembang anu keur ligar
diri kuring geus dipiceun dipohokeun
geus diganti sagagang kembang malati

0/Post a Comment/Comments

Previous Post Next Post